image

SundaMaya.org

Badan Musyawarah Masyarakat Sunda Propinsi Jawa Barat

31/07/2012

Tatakrama Basa Sunda - Undak Usuk Basa Sunda

Ku : Endi Young

I. RAGAM BASA HORMAT (BASA LEMES)
Dina hakekatna digunakeunana ragam hormat teh taya lian pikeun nembongkeun rasa hormat ti nu nyarita ka nu diajak nyarita jeung ka saha nu dicaritakeunana. Ragam Basa Hormat aya dalapan rupa nya eta:

1. Ragam Basa Lemes Pisan / Luhur.
2. Ragam Basa Lemes keur Batur.
3. Ragam basa Lemes keur Pribadi / Lemes Sedeng.
4. Ragam Basa Lemes Kagok / Panengah.
5. Ragam Basa Lemes Kampung / Dusun.
6. Ragam Basa Lemes Budak.

II. RAGAM BASA LOMA (AKRAB, KASAR)
Basa loma atawa nu ilahar disebut basa Kasar, saenyana lain dina harti kasar henteu ngahormat, tapi kulantaran digunakeun pikeun komunikasi di antara anu geus wanoh, jeung babaturan ulin upamana. Ragam Basa Loma ieu teh aya dua rupa nya eta:

1. Ragam Basa Loma / Akrab.
2. Ragam Basa Garihal / Songong / Kasar Pisan.

Ragam basa anu garihal ieu mah digunakeunana teh keur ka sato atawa digunakeun ku jelma nu keur ambek pisan. "Jadi Undak Usuk Basa Sunda anu dina Kongres Basa Sunda taun 1986 di Cipayung Bogor disebut TATAKRAMA BASA SUNDA teh upama dijumlahkeun mah aya dalapan tahapan (ragam)."

Sanajan Konferensi Kebudayaan Sunda I di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut ngusulkeun supaya Tatakrama Basa Sunda (UUBS) cukup dua tahap bae nyaeta RAGAM HORMAT jeung RAGAM LOMA, tapi dina hirup kumbuh sapopoe mah masih keneh digarunakeun TILU TAHAP/RAGAM . Ieu di handap digambarkeun POLA TATAKRAMA BASA SUNDA dina tilu Tahap/Ragam tea, nyaeta:

· Ragam basa Loma / Akrab / Kasar (A)
· Ragam basa Lemes keur Pribadi (B)
· Ragam basa Lemes keur Batur / Lemes Sedeng
* Katerangan tanda: # henteu sarua = sarua.

POLA I: A # B # C
Jumlah kecap anu make pola saperti kieu kaitung saeutik pisan (k/l 25 kecap), nu sok disebut kecap lemes keur pribadi/lemes Sedeng, ieu anu ulah salah dina ngalarapkeunana teh:

- balik # WANGSUL # mulih
- bawa # BANTUN # candak
- beuli # PESER # galeuh
- biasa # TIASA # iasa
- boga # GADUH # kagungan
- dahar # NEDA # tuang
- datang # DONGKAP # sumping
- denge # KUPING # dangu
- era # ISIN # lingsem
- gering # UDUR # teu damang
- imah# ROROMPOK # bumi
- indit # MIOS # angkat
- kasakit # PAUDUR # kasawat
- menta # NYUHUNKEUN # mundut
- nitah # NGAJURUNG # miwarang
- ngomong # SASANGGEM #sasauran
- nyaho # TERANG # uninga
- pamajikan # BOJO # garwa/geureuha
- poho # HILAP # lali
- sare # MONDOK # kulem
- tanya # TAROS # pariksa
- tenjo # TINGAL # tingali

Conto kalimahna:
· Ari maneh balik ka lembur teh arek iraha..?
· Dupi abdi WANGSUL ka lembur teh bade enjing bae.
· Dupi akang bade mulih ka lembur teh bade iraha..?

Perhatikeun pisan pola di luhur:
A # B # C : A henteu sarua jeung B, B henteu sarua jeung C. Upama bae urang geus bisa merenahkeun ngagunakeun kecap-kecap nu ditulis ku aksara gede (kapital) nyaeta kecap-kecap nu kaasup basa Lemes keur Sorangan, urang geus henteu kudu salempang sieun salah nyarita ku Basa Sunda teh.

POLA II: A = B # C
Pola kadua mah nyaeta: A sarua jeung B, tapi B henteu sarua jeung C.
Digunakeunana KECAP LOMA/KASAR pikeun ka diri pribadi, pangpangna anu tumali jeung babagian awak saperti sirah, ceuli, huntu jste, eta kudu ngagunakeun kecap Loma/Kasar, contona:

- huntu = HUNTU # waos
- biwir = BIWIR # lambey
- irung = IRUNG # pangambung
- baju = BAJU # raksukan
- lalajo = LALAJO # nongton
- ngaji = NGAJI # ngaos
- nginum = NGINUM # ngaleueut
- puasa = PUASA # SAUM
- samping = SAMPING # sinjang
- ulin = ULIN # amengan

Conto kalimahna :
· Cenah kamari maneh nyeri huntu, enggeus ka dokter gigi acan..?
· Abdi kamari nyeri HUNTU numawi teu tiasa dongkap ka kantor.
· Saurna bapa nyeri waos dinten kamari teh, kumaha ayeuna parantos damang..?

POLA III: A # B = C

Pola katilu mah kecap anu digunakeun keur ka diri pribadi teh kudu sarua jeung kecap nu digunakeun keur batur. Jumlahna kaitung rada loba. Ieu keur sakadar conto:

- bungah # BINGAH = bingah
- eleh # KAWON = kawon
- kajeun # SAWIOS = sawios
- kungsi # KANTOS = kantos
- tepung # TEPANG = tepang

Conto kalimahna :
· Jang Iwan kacida bungaheunana dumeh meunang hadiah lebaran.
· Abdi kacida bingahna wireh kenging hadiah lebaran
· Ibu Aminah kalintag bingaheunana wireh kenging hadiah lebaran.

Jumlahna kaitung rada loba oge, malah karereanana mah geus arapal da mindeng digunakeun sapopoe.

POLA IV: A = B = C

Pola anu kaopat ieu mah teu kudu hese mikiranana. Nu kaasup pola nu kaopat ieu teh nya eta kecap bilangan, kecap pananya, kecap panunjuk, kecap tingkatan.

- aya = AYA = aya
- sabaraha = SABARAHA = sabaraha
- kumaha = KUMAHA = kumaha
- naon = NAON = naon
- itu = ITU = itu
- ieu = IEU = ieu
- kahiji = KAHIJI = kahiji
- kasapuluh = KASAPULUH = kasapuluh

PANGJANGKEP TATAKARAMABASA

Ngagunakeunana Tatakrama Basa Sunda (UUBS) henteu lesot tina unsur nu ngarojongna, nya eta:

- Lentongna nyarita (gaya nyarita, intonasi).
- Pasemon.
- Rengkuh (gerakna awak).
- Tata busana.

Tapi nu jadi dadasar utama dina Tatakrama Basa mah nya eta itikad atawa kaweningan hate nu nyaritana. Kalemesan budi jeung rasa kamanusaanana. Hal ieu mah saenyana di luareun aspek basa. Tapi kacida nangtukeunana kana luhur-handapna ajen kamanusaan. Tatakrama raket tumalina jeung adat kabiasaan. Ku kituna dina ngagunakeunanana oge tangtu bae kudu nitenan kana adat kabiasaan di wewengkon masing-masing.
KAGUNAN (FUNGSI) BASA

Digunakeunana basa sabage alat komunikasi teh tangtu bae aya maksud jeung tujuanana, di antarana bae nyaeta:

  1. Kagunan Kognitif. Tegesna basa teh digunakeun pikeun nepikeun elmu pangaweruh. Tatakrama basana oge kudu singget, eces jeung nyusun.
  2. Kagunan Konatif/Persuasif. Tegesna basa teh digunakeun pikeun mangaruhan batur, supaya nurut kana kahayang nu nyarita.
  3. Kagunaan Estetis. Tegesna basa teh digunakeun pikeun ngagambarkeun rasa kaendahan. Ieu oge aya tatakrama basana. Upamana bae kudu bisa gaya basa (stilistika). Nyusun kecap nu endah supaya nimbulkeun rasa endah pikeun nu macana/ngaregepkeunana.
  4. Kagunan Fatis. Tegesna nuwuhkeun rasa kataji (hormat, simpatik). Carana nyaeta bisa nyusun kecap, intonasi jeung retorika (elmu nyarita).

CARA DIAJAR NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA

Ngagunakeun tatakrama basa Sunda tangtu bae hasil tina diajar. Carana di antarana nya eta:

  1. Sering merhatikeun batur nu basana luyu tur merenah (baik dan benar).
  2. Sering maca buku nu beres susunan basana.
  3. Aya sikep kritis waktu maca atawa mun ngabandungan batur nu keur cacarita.
  4. Biasakeun nyarita ngagunakeun basa nu luyu tur merenah.
  5. Keur latihanana kudu dibiasakeun nyarita ulah rusuh teuing, jadi aya kasempetan pikeun milih jeung nyusun kalimah.

Di masarakat mah kamampuh ngagunakeun Basa Sunda, pangpangna ngagunakeun Tatakrama Basa (UUBS) kacida pentingna. Kapan aya paribasa: Hade ku omong goreng ku omong. Basa mah henteu meuli. Basa mah leuwih seukeut tibatan pedang. Aya paribasa Arab: "Kuli lisani bil Insani" anu hartina "Tambah loba basa anu urang bisa, tambah luhur niley kamanusaanana".

Nurutkeun hasil Konferensi Internasional Budaya Sunda I (KIBS I) di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut, ditetepkeun yen Tatakrama Basa Sunda teh (UUBS) ngan aya dua Ragam / Tahap nyaeta :

  1. RagamBASA HORMAT, asal tujuanana nu nyarita teh hayang NGAHORMAT ka nu diajak nyaritana. Ku kituna henteu SALAH, atawa bisa dianggap BENER upama aya nu ngomong campur aduk ngagunakeun basa lemes keur batur, basa lemes keur Pribadi jeung basa lemes keur Budak, malah teu nanaon ngagunakeun basa lemes dusun/dialek oge.
  2. RagamBASA LOMA. Ieu mah nya nu saperti ilaharna bae nu disebut basa KASAR. Digunakeunana pikeun nyarita jeung papada nu geus loma. Ngan tangtu bae ari basa garihal/songong mah tetep henteu pantes digunakeun dina cacampuran anu sopan mah.

Kitu hasil putusan KIBS I jeung KBS VII teh. Tapi tangtu bakal aya bae masalah nu disanghareupan mah, di antarana nyaeta kumaha bahan ajarkeuneun di sakola-sakola, da kapan ari di sakola mah tetep kudu ajeg dina palanggeran anu normatif. Ngan nu tetela ku kitu ku kieu ari Basa Sunda mah tetep kudu dipiara jeung digunakeun.

Tarumanagara Karajaan Gede Di Nusantara (Bagian 2)

Salapan poe sabada wafatna Purnawarman, putra mahkota, Wisnuwarman dijungjung –lungguh jadi raja Tarumanagara ka opat, dina tanggal 14 bagian can, bulan Posya taun 356 Saka (3 Desember taun 434 M). Pesta ngadegraja lumagsung tilupoe tilupeuting. Dina tanggal 2 bagian caang,bulan Jesta taun 357 Saka (Mei/Juni taun 435 M), dikirim utusan Tarumanagara, mere iber ka sakur nagara sobat.Diantarana ka Cina, Syangka, Campa, Yawana, , Sumatera, Bakulapura, India, Srilangka, Darmanagari, jeung sababaraha nagara di Nusantara.Kalawan mawa pesen Purnawarman, sangkan sosobatan leuwih... Saterasna..

Dodol Ganas Subang

Ti kota Bandung, kasohor ku peuyeumna, ti Sumedang oleh-olehna tahu, kitu oge ti kota Garur kasohor dodolna the.Sabenerna kaolahan dodol the , lain ti kota Garut bae, tapi ti Kabupaten Subang oge kasohor ku dodol ganasna, Rasana ngeunah bari karasa ganasna, kusabab dijieunna oge tina ganas.

Saterasna..

Ki Marebot

Catetan Mang Alip

Pangawakanana leutik, tapi lain ari koré mah. Siga leutik sotéh pédah begang. Kilang kitu lain balas kurang dahar, da najan miskin gé dahar mah mayeng isuk-soré. Ieu mah nu disebut rarang daging téa, bakatna kitu ti lelembut. Rada bongkok meueusan, kajurung ku umur. Duka mun balas mamanggul karunjang jukut mah ongkoh. Unggal poé tuda...
Unggal isuk, satengah tujuh téh geus jogo di kantor Kanaiban. Tara kabeurangan, hujan gé bélaan papayungan. Batur mah di marana kénéh boa, nu mumuluk kénéh, nu ngopi... Saterasna..

Mamala Di Lemah Kadeudeuh

Akibat bangsa urang loba nu geus coplok tina kakantet budaya, leupas tina tali agama, nu aya dina pikiranana ngan ukur duit jeung duit, padahal duit ukur alat pikeun kasenangan, nu sabenerna kasenangan, katengtreman, kabagjaan teu mutlak dialatan ku duit.
Tapi da ambahan mikirna geus pondok, nepi ka aya nu wani nyindekkeun, yen tanpa duit moal boga kabagjaan.
Ieu pamadegan pagedrug jeung sakumpulan jalma nu leuwih micinta surga, ngaliwatan alat jihad.

Saterasna..

Raden Dewi Sartika

Tanggal 4 Desember, urang Sunda kawas taya saurang nu inget, taya hiji kagiatan atawa gerakan nu tembong. Sakuliah tatar Sunda sepi taya kuliat nu mawa katineung. Lebeng boa mongkleng, taya sagurat cahaya pangeling. Deudeuh, padahal inyana oge pahlawan nasional, sarua jeung pahlawan nasional lianna anu berjuang pikeun kapentingan nusa jeung bangsa.  Rasana sagala nu nyampak ayeuna, lain pangbibitan baheula. Hengker tur asor pisan seler Sunda teh. Kilangbara kana inget yen, pangna anjeuna disieuhkeun ku Walanda, ka Cineam, pangna ibu ramana di buang ka Sulawesi, taya kajaba iwal... Saterasna..

Kyai Haji Abdul Halim

(KH Abdul Halim, inohong nu milu ngadegkeun Nahdlatul Ulama meunang pangajen Pahlawan Nasional, dina Jumaah tanggal 7 nopember 2008)

Salahsaurang Inohong Sunda Nu Milu Ngadegkeun NU Taun 1926 Di Surabaya
Kh Abdul Halim (1887 – 1962) pituin urang leuwimunding-majalengka, dipercaya jadi a’wan(pangbantu) dina untuyan pangurus nu munggaran.kacatet dina dokumen organisasi.
Satemenna ngaran aslina mah otong syatori, sabada munggah haji, ganti ngaran jadi hj.abdul halim dumasar kana eusi ensiklopedia islam, abdul halim dina umur 10... Saterasna..

Carita Sindangkasih

Ku, Didi Supriyadi

Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay carita nu baheula, ngenaan silsilah atawa cikal bakal carita Nyi Rambut Kasih sok sanajan aya sababaraha versi carita rahayat ngenaan Nyi Ambet Kasih atawa Nyi Rambut Kasih salah sahiji nu rek kukuring dipedar, numutkeun carita para pujangga sunda, sareng sesepuh urang nu masih jumeneng, jeung nu geus teu aya dikieuna, miheulaan ninggalkeun urang nu masih kumeledang di alam marcapada nu masih ngarandapan rasa lapar, hareudang, tiris, turta panas jeung lian-liana.

Saterasna..

Seni & Kaulinan

Lagu - Lagu Sunda

Pasundan Eksiganda

Eh Pasundan eksiganda
Kuring nyaah ka andika
Andika teh tanah endah
Uparengga nusantara
Sugih jiwa sugih bahan
Linuturan kawibawan
Eh Pasunda eksiganda
Kuring nyaah ka andika

Saterasna..
05/04/2013

Balagonjakan

Hitut Munggaran

Saengges sabulan kawin, Jang Domo meli imah kalawan susulumputan, maksudna ngarah pamajikan na rewas tur atoh lamun hiji waktu dibejaan geus boga imah.
“Neng, urang ameng yu?” Ceuk Jang Domo.
“Oh.. bade angkat kamana akang?” Tembal pamajikanna.
“Hayu we lah.. tapi soca neng kedah ditutup nya.. akang hoyong masihan surprais!” Ceuk Jang Domo deui.
“Surprais? Surprais naon akang?” Tanya pamajikanna deui.
“Ah.. poko namah moal waka diwartosan.. kersa teu di tutupan heula soca na?” Ceuk Jang Domo deui.
“Ehm.. oh mangga atuh pami kedah mah…” Tembal pamajikan nana bari imut.

Saterasna..
05/04/2013

Lalayang