image

SundaMaya.org

Badan Musyawarah Masyarakat Sunda Propinsi Jawa Barat

13/06/2012

Daeng Soetigna, Nunyiptakeun Angklung Diatonis-kromatis, Nu Kiwari Geus Kamashur sa Dunya

Ku: Djodi Prihatna, A.Md.Pd-MG

Saha nu teu nyaho ka Daeng Soetigna? Tokoh pendidikan anu nyiptakeun alat musik Sunda angklung make sistem nada diatonis-kromatis, anu lain bae kawentar sa Indonesia tapi nepi ka sakuliah dunya. Lantaran jasana dina widang kesenian, inyana dileler Satyalancana Kebudayaan ti Presiden RI. Jadi sabenerna Daeng Soetigna teh Pahlawan Kabudayaan asal tatar Sunda. Rupa-Rupa barang bisa dijieun tina awi. Aya jambatan, munara, hiasan, barang rumah tangga. Jeung apan imah oge aya keneh anu dijieunna tina awi. Tihang awi, bilik, lante, pager, korsi, meja, jeung rea-rea deui. Instrumen kesenian saperti suling, calung jeung angklung. Di antara alat kesenian nu geus ngambah dunya teh nya eta angklung.

Angklung tadina mangrupa alat kesenian lokal. Aya angklung Bali, Sunda, Banyuwangi, jeung daerah lianna di Indonesia.

Ku jasana Pa Daeng, anu ngaran lengkepna Daeng Soetigna, angklung anu tadina musik lokal Sunda teh bisa jadi wawakil Indonesia dina sagala kaperluan, malahan nepi ka ngambah dunya. Pikeun pangeling-ngeling 100 taunna Pa Daeng, ieu tulisan diturunkeun susuganan ku jalan ieu Pa Daeng anu parantos narima Satyalancana Kabudayaan teh ku pamarentah sawadina dileler sabage Pahlawan Nasional dina widang Kabudayaan.

Katurunan Pendidik

Daeng dijurukeun di Garut poe Rebo, 13 Mei 1908. Pupus di Bandung 8 April 1984 dimakamkeun di TPU Muslimin Cikutra. Sanajan lahir di Garut sarta ngalaman mangsa budak di Pameungpeuk, ari bibit buitna mah Daeng teh ti tatar Galuh. Nyaeta di kawadanan Cikembulan, kabupaten Ciamis. Bapana nyaeta Mas Kartaatmadja, pangsiunan penilik sakola (school opsiener), sedengkeun indungna Nyi Raden Ratna Soerasti.

Mas Kartaatmadja teh putra Mas Kartamanggala, kuwu Bojong, kabupaten Ciamis. Sabage anak priyayi kalawan dukungan ti Bupati Manonjaya, Mas Kartaatmadja bisa asup ka Kweekschool (Sakola Raja), sakola anu ngadidik calon tanaga guru pikeun anak-anak bumiputera. Sanggeus meunang diploma inyana diangkat jadi guru di Pameungpeuk, Garut. Kaitung lila, nepi ka 16 taun jadi guruna teh. Sanggeus kitu inyana dipindahkeun ka Pangandaran kalawan tugas anyar jadi penilik (School opziener). Nepi ka pangsiunna Mas Kartaatmadja tumetep di Pangandaran.

Samemeh kawin ka Nyi Raden Ratna Soerasti, inyana kungsi boga pamajikan. Ti pamajikan nu kahiji boga anak tilu nya eta: Anih, Uang Ranuatmadja, jeung Djakaria. Sedengkeun ti Ratna Soerasti nu biasa disebut “Endeh” ku barudakna, Mas Kartaatmadja boga 5 budak nyaeta: Imi Soeratmi, Daeng Soetigna, Onong Siti Soehara, Oteng Soetisna, jeung Oejeng Soewargana.

Sanggeus jadi penilik di Pangandaran, inyana ngaluluguan pangwangunan imah nu make tembok jeung genteng. Jaman harita mah sakabeh imah di Pangandaran dijieunna tina awi boh tihangna atawa rohanganana, hateupna daun kalapa. Ku lantaran Pangandaran mah jauh ti kota, bahanna oge dijieun ku sorangan, boh keur tembok atawa genteng. Cindekna, Kartaatmadja anu munggaran nyieun imah make tembok jeung genteng. Dulur-dulur jeung tatanggana kabeh dicontoan jeung dipingpin cara nyieun bata jeung genteng.

Lian ti eta, di sagigireun ngadidik barudak di sakola inyana oge ngayakeun kursus kilat pikeun calon tanaga guru kalawan murah. Kursus kilat anu dipingpinna bisa nyumponan kabutuh masarakat pikeun ngajar di sakola desa (ayeuna mah SD). Mun dianggap geus nyumponan syarat, calon tanaga guru teh disahkeun ku komisi sakola kalawan idin Wadana. Hal ieu mangrupa torobosan anyar di jaman harita. Lantaran jasa-jasana dina widang pendidikan, Kartaatmadja dileler gelar “Kanduruan” ku pamarentah kolonial Walanda. Ku sabab kitu di lingkungan kulawargana Kartaatmadja sok disebut “Ama Kanduruan”. Naon-naon anu dipigawe ku Daeng Soetigna boh dina widang pendidikan atawa kapramukaan, kitu deui dulur-dulurna, tangtu bae pangaruh conto-conto hade Mas Kartaatmadja.

Ratna Soerasti teh putri Raden Sastrawidjaja, wadana Cikembulan. Jadi katurunan ningrat Sunda. Sanajan henteu kungsi meunang pendidikan formal, Ratna ngabogaan pikiran maju. Satadina inyana ngan diajar baca tulis aksara Arab pikeun kaperluan ngaji. Sanggeus jadi pamajikan Kartaatmadja kakara inyana bisa maca jeung nulis make aksara Latin. Ratna mikaresep seni budaya Sunda, pinter maenkeun gamelan jeung niup suling, maher nunggang kuda, ngarenda, nyieun hiasan tina kerang jeung awi.

“Daeng” teh sabenerna gelar pikeun bangsawan Bugis. Anu jadi ilham pikeun Kartaatmadja mere ngaran Daeng ka anak kadua ti Ratna Soerasti, nyaeta ku lantaran manehna boga sobat jeung figur idola nu ngaranna Daeng Ardiwinata. Daeng Ardiwinata teh bangsawan Bugis, putera Daeng Sulaeman alias Baso Daeng Palau, anak raja Lombo anu ngaranna Karaeng Yukte Desialu. Daeng Sulaeman aya di Bandung lantaran milu bapana anu dibuang ku pamarentah kolonial Walanda. Daeng Soelaeman kawin ka mojang Sunda, Nyi Mas Rukmi. Tahun 1866 lahir Daeng Ardiwinata anu engkena kamashur sastrawan Sunda, guru jeung ahli basa. Malahan jadi redaktur Bale Pustaka, sarta Sesepuh munggaran ti Paguyuban Pasundan. Ku lantaran jasa-jasana dina widang pendidikan, Daeng Ardiwinata teh dileler gelar “Kanduruan”, jadi ngaranna nepi ka pupus nyaeta Daeng Kanduruan Ardiwinata. Nya DK Ardiwinata nu ngailhaman Mas Kartaatmadja pikeun mere ngaran anakna nu kadua Daeng Soetigna.

Hobi ngaroko jeung santey

Mangsa budak Daeng aya di pakidulan Garut, nyaeta di Pameungpeuk. Lantaran bapana, Mas Kartaatmadja jadi guru di dinya. Umur 7 tahun manehna kudu ninggalkeun Pameungpeuk, lantaran kudu sakola di HIS (Holandsche Inlander School = sakola rendah pikeun bumi putera) Garut, angkatan kadua. Nya di Garut inyana mimiti wawuh kana angklung. Nya eta waktu Daeng jeung babaturanana arulin ka imah guruna nu jenengan Ios Wiriatmadja. Ti harita inyana resep maenkeun angklung jeung hayang bisa cara nyieunna.

Nurutkeun pangakuanana nu ditulis dina buku catetan poean nu judulna “Si Etjle”, sabenerna Daeng lain murid anu rajin. Manehna ngaku males mun kudu mandi, males ngalaksanakeun tugas PR, resep pisan ngaroko, jeung mindeng santey bareng jeung babaturanana. Nu matak disebut Si Etjle, lantaran inyana resep pisan ngadongeng. Lamun manehna keur ngadongeng, sok diuk dina meja “nyengtle” sedengkeun babaturanana ngumpul, sakuriling meja bari ngadarengekeun kalawan daria.

Tamat ti HIS inyana nuluykeun ka Kweekschool (Sakola Raja) pikeun jadi guru. Sanggeus tamat ti KS ari kana santeyna mah rada kurang, ngan hobi ngaroko mah masih tetep. Sarta ti mimiti jadi guru inyana gesit narekahan pikeun ngamajukeun murid-muridna. Perjuanganana di dunya pendidikan, utamana dina widang musik angklung geus kacatet dina sajarah. Inyana hasil ngangkat dan mere citra anyar pikeun angklung anu mimitina ngan jadi alat musik Sunda, saterusna kawentar di sakuliah Indonesia, malahan nepi ka sadunya nyaho kana angklung. Anu tadina make titilaras pentatonis dirobah jadi diatonis-kromatis nepi ka bisa ditarima di lingkungan yang lebih jembar.

Angklung Sadunya

Tahun 1938 munggaran Daeng nyieun eksperimen, nyaeta nyiptakeun angklung anu make sistem diatonis kalawan cita-cita saderhana guru sakola rendah (kiwari : SD). Inyana nyoba-nyoba nyieun sistem ngajar anu gampang katarima ku muridna, murah, jeung pikaresepeun. Inyana nyaho kana pentingna permainan di dunya pendidikan. Angklung anu dijieunna make sistem titilaras Barat nyaeta 7 nada (do-re-mi-fa-sol-la-ti) ditambahan nada-nada kromatis.

Daeng mimiti diajar cara nyieun angklung teh ti Pa Djaja, anu geus ampir teu ningali dina umur 90 tahun. Pa Djaja mere elmu fisika sora beunang tina eksperimen pribadi, ingetan tradisi jeung hukum alam, kaasup prinsip mana nada “ngeunah” jeung “teu ngeunah”. Daeng ngarti kana maksudna, sarta nuluykeun eksperimen diatonisna, nyiptakeun tangga nada diatonis-kromatis ngaliwatan angklung, tur usahana hasil!

Ti mimiti awal 1940-an Daeng ngalatih anak asuhna maen angklung, sarta ngajadikan ieu alat keur ngalengkepan peralatan kemah pikeun pramuka. Misilna, tiap anggota ngabogaan tanggung jawab pikeun hiji nada. Ku cara kitu inyana ngajadikan angklung sabage alat kadisiplinan.

Waktu inyana nyanggupan sangkan anak asuhna tampil dalam acara resmi nu diayakeun ku tentara Jepang, Daeng henteu sadar yen angklung dianggap saluyu jeung agenda propaganda Jepang di Asia, nyaeta ngawangun bangsa-bangsa Asia bebas tina kakawasaan penjajah kulit putih. Jepang ngapromosikan basa Melayu dina pamakean sapopoe sarta ngalarang sagala rupa nu bau-bau Walanda. Tangtu bae hal ieu nimbulkeun efek positif pikeun mekarkeun angklung anu asli ti budaya jeung sajarah Asia. Acara resmi nu kungsi nampilkeun angklung di jaman Jepang teh diantarana dina raraga muka pasar malem di Cirebon, muka lapangan terbang di Beusi.

Angklung bisa mere suasana ritmis sarta cocog pikeun kaperluan militer nurutkeun pamarentah Walanda, nepi ka kungsi ngalarang maen angklung (iwal ku nu jajaluk atawa barudak) lantaran sieun nimbulkeun sumanget pergolakan jeung anti cultuurstelsel. Jeung memang dina kanyataanana lagu-lagu perjuangan anu tempona mars, atawa lagu-lagu militer, kacida hadena lamun dinyanyikeun bari dipirig ku angklung.

Sanggeus proklamasi kamerdikaan RI angklung Pa Daeng oge mibanda peranan penting. Waktu persetujuan Linggajati taun 1946 angklung Pa Daeng manggung sarta meunang sambutan ti peserta. Presiden Soekarno ku anjeun mere salam sarta miharep Pa Daeng siap-siap pindah ka Jakarta, mantuan pamarentah ku kesenian.

Angklung mawa Daeng ngalanglangbuana. Taun 1955 sababaraha poe memeh Konferensi Asia Afrika, Daeng tugas diajar ka Australia ngeunaan musik dina raraga Colombo Plan, lilana 9 bulan. Nu matak waktu KAA mah Daeng teu bisa mintonkeun angklung, tapi pintonan angklung harita dipingpin ku muridna nya eta Udjo Ngalagena. Nya dina paringetan KAA taun 1980 kakara angklung Pa Daeng bisa dipintonkeun anu pesertana 1000 siswa SD, SMP jeung SMA hareupeun delegasi internasional anu nongton sapanjang jalan Asia Afrika, Bandung.

Taun 1960 angklung geus asup kana kurikulum musik standar di Jawa Barat utamana di SMP jeung SMA. Daeng sorangan sibuk jadi Kapala KOKAR (Konservatori Karawitan, robah jadi SMKI, ayeuna SMKN 10). Murid-muridna geus jaradi pelatih angklung. Diantarana: Sanui Eddya S, Udjo Ngalagena, Obby AR Wiramihardja, Erwin Anwar, Permadi, Handiman.

Dina taun 1968 Menteri Pendidikan dan Kebudayaan RI kalawan SK No. 082 / 1978 tanggal 23 Agustus 1968 mere kaputusan yen angklung sabage alat pendidikan musik di lingkungan Depdikbud. Ieu surat kaputusan ditanda ku Mayjen TNI Prof.Dr. Soemantri Hardjoprakoso.

Taun 1970-an angkung geus ngambah ka luar nagri kaasup nagara-nagara Eropa, malahan di Perancis nepi ka meunang penghargaan Disque d’Orde l’Academic Charles Cros.

Riwayat hirupna

Anu kacatet tina biodata Pa Daeng diantarana bae: taun 1928-1932 jadi guru Schakelschool (ayeuna mah SD) di Cianjur, taun 1932-1942 guru Schakelschool di Kuningan, taun 1942-1950 kapala SR di Kuningan, taun 1949-1950 Kapala SR bari diperbantukeun di Jawatan Kabudayaan Prop.Jabar, taun 1950-1951 Penilik sakola bari diperbantukeun di bagian Kursus Kementrian P&K Jakarta, taun 1951-1955 dosen Balai Pendidikan Guru di Bandung, taun 1955-1956 tugas belajar ka Australia dina raraga Colombo Plan, taun 1956-1960 Kapala Jaw. Kabudayaan Dep P&K Prop Jabar, taun 1960-1964 Kapala KOKAR Jurs. Sunda di Bandung, taun 1964-1980 pangsiun, taun 1980-1984 Staf Ahli Bappeda Jabar.

Demi tugas-tugas ka luarnegeri: Taun 1964 dina raraga kagiatan BAPENYF (Badan Penyelenggara New York Fair) ditugaskeun mingpin pertunjukan kasenian (angklung, tari Sunda, tari Jawa, tari Bali) di Indonesian Pavilion, New York. Sanggeus rengse diteruskeun ka Perancis jeung Walanda. Taun 1967 kalawan parentah Pangkolaga (Panglima Komando Mandala Siaga) no. Prin/109/1967 tanggal 25 Maret 1967 ngajugjug ka Malaysia pikeun mingpin pertunjukan kesenian di Kuala Lumpur, Johor Bahru, Malacca, Alor Star, Ipoh, Kuantan, Kuala Trenggano, Kota Baru, Port Dickson. Taun 1973 kalawan pamenta pamarentah Malaysia, indit kadua kalina ka Kuala Lumpur ngayakeun pertunjukan amal pikeun kapentingan National Heroes’s Welfare Trust Fund dina raraga neangan dana pikeun kulawarga korban teror komunis di Malaysia.

Sababaraha penghargaan nu kungsi ditampa ku Pa Daeng (samemeh pupus): Piagam penghargaan 28 Pebruari 1966 ti Gubernur Jabar, Brigjen Mashudi dumasar jasana, khususna dina widang kesenian. Piagam penghargaan 10 September 1968 ti Gubernur DKI Jaya, Brigjen Ali Sadikin dina raraga ngadorong tumuwuhna kesenian angklung kana upaya pembinaan kabudayaan di Ibukota. Satyalencana Kebudayaan 15 Oktober 1968 ti Presiden RI, Jend. Soeharto. Piagam penghargaan 17 Agustus 1979 ti Gubernur Jabar, H. Aang Kunaefi dumasar jasana dina pembinaan jeung pengembangan seni daerah, khususna angklung. Piagam penghargaan 24 April 1980 ti Menteri Luarnegeri RI, Prof. DR. Muchtar Kusumaatmadja dumasar bantuan jeung kerjasama dina nyukseskeun Peringatan Nasional ke 25 tahun KAA 24 April 1980 di Gedung Merdeka, Bandung. Piagam penghargaan ti Gubernur Jabar, H. Aang Kunaefi dina raraga HUT ke 25 KAA tingkat Propinsi Jawa Barat.

Penghargaan sanggeus Pa Daeng pupus: Piagam penghargaan 16 Pebruari 1994 sabage perintis Pangwangunan Pariwisata di Jawa barat ti Gubernur, HR Nuriana. Konser Angklung Kamari diayakeun ku MMA (Masyarakat Musik Angklung) di Sasana Budaya ITB, bareng jeung dipasrahkeunana rarancang biografi Daeng Sutigna ti Obby AR ka Erna Garnasih. Piagam penghargaan 21 Juli 2005 ti Gubernur Jabar, Dani Setiawan, sabage seniman angklung nu mawa ngaran Jawa Barat seungit di tingkat nasional. Piagam penghargaan jeung Metronome Award 28-3-2006 ti DPP Persatuan Artis Penyanyi, Pencipta Lagu dan Penata Musik Rekaman Indonesia pikeun dedikasi, loyalitas jeung kontribusina dina Pengembangan Khasanah Musik Indonesia ka 3 di Jakarta, Persembahan Angklung Evening Concert “A Tribute to Daeng Soetigna” 20-1-2007 ti Keluarga Paduan Angklung SMAN 3 Bandung. Tanda jasa kehormatan Bintang Budaya Parama Dharma tanggal 6-11-2007 ti Presiden RI Soesilo Bambang Yudhoyono pikeun jasa-jasana ka nagara katut bangsa dina raraga ningkatkeun, ngamajukeun jeung ngabina kabudayaan nasional.

Palaputrana aya 7 nyaeta: Aam Amalia anu nikah ka Ir. Hidayat, Tedjakomala (alm), Emma (alm), Iwan Suwargana, Dra Erna Garnasih Pirous anu nikah ka Prof. A.D. Pirous, Itin Gantinah Basoeki, Utut Gartini Syahrial (alm).

Panutup

Riwayat hirup sarta perjalanan hirupna Daeng Soetigna sanajan teu pati lengkep, geus diterbitkeun mangrupa buku, judulna “Membela Kehormatan Angklung Sebuah Biografi dan Bunga Rampai Daeng Soetigna” anu disusun ku Tatang Soemarsono kalawan bingbingan Ramadhan KH. Peluncuran bukuna babarengan jeung Gala Konser Musik Angklung dina raraga Festival Bambu Nusantara 2007 tanggal 18-19 Agustus 2007 di Jakarta Internasional Expo, Kemayoran, Jakarta.

Daeng Soetigna geus ngabdikeun hirupna bareng jeung angklung salila kurang leuwih 50 tahun, anu matak pantes lamun pamarentah ngaleler satyalencana Kebudayaan pikeun jasa-jasana. Ieu tulisan mangrupa ungkaban kanyaah ti dulur ka almarhum anu dina taun ieu mun jumeneng keneh mah meureun ulang taunna nu ka 100. Binarung harepan angklung anu geus kamashur sadunya teh bakal langgeng, ulah aya nu nyisikudi saperti nu kaalaman ku Reog Ponorogo, anu bener-bener asli kesenian ti Ponorogo pajahkeun kesenian Malaysia. Lain, lain ti mana-mana, angklung mah asli kesenian tatar Sunda, nagara Indonesia, nya Pa Daeng nu nyiptakeunana. Cag. Cuang teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang, paragi nunda ninggalkeun.*****

Bahan:

  • Buku “Membela Kehormatan Angklung Sebuah Biografi dan Bunga Rampai Daeng Soetigna”
  • Ngobrol jeung Ibu Erna Garnasih Pirous
Asal Usul Jeung Pra Sajarah Ki Sunda

Ku, Prof.Dr.R.P.Koesoemadinata
Gurubesar Emeritus Geologi
Fakultas Ilmu dan Teknologi Kebumian
Institut Teknologi Bandung
Disundakeun ku Sundamaya

Saripati/Abstraks

Ngahaeub Perang Dunya kadua loba pisan situs artefak (lolobana talawengkar obsidian) nu kapanggih di pasir-pasir sabudeureun cekungan Bandung. Ieu situs jeung artefak-artefak teh geus dibahas ku Koenigswald (1935) jeung Rothpletz (1951).Ieu artefak-artefak teh ngan kapanggih lebah puncak-puncak pasir nu jangkungna leuwih ti 725 m saluhureun beungeut laut, ieu... Saterasna..

Surabi Imut, Tina Kadaharan Tradisional Dimodifikasi Jadi Kadaharan Modern Pikareueuseun

Tina bahan poko nu sarua nya eta tipung beas, kalapa jeung uyah, dimodifikasi bae eusina, nya jadi Surabi Imut. Aya nu eusina coklast kiju, coklat susu, kiju susu, jeung rea-rea deui. Pikeun kadaharan tambahanana aya pisang bakar jeung colenak. Nu matak reueus lantaran Surabi Imut kapilih ngeusian konsumsi pikeun ondangan di Istana Negara dina raraga Mieling HUT Kamerdekaan RI tanggal 17 Agustus 2004.

Saterasna..

Nu Paralid

Carpon: Damayanti.

Duka naon pibasaeunana, keuheul, nyeri hate, hanjakal jeung rupa-rupa deui nu matak nyelekit kana hatena, nu teu puguh rasakeuneunana. Nunung teu bisa ngabendung cipanonna nu ngagarajag maseuhan pipina.

Masih ngajelengeng keneh kekecapan wali kelasna basa pangumuman lulus ujian jeung nyanghareupan testing asup ka SLTP.

Saterasna..

Turiang Di Tanah Angar

Ku Muhammad Husnil *)

Cai teh elan vital tatanen, utamana pare. Cai lir nafas keur mahluk hirup liana. Tanpa cai hamo aya satangkal oge pare nu jadi (kajaba huma). Tapi kiwari ku pangaruh pamanasan global (global warming) morosotkeun cadangan cai dina beuteung bumi. Kanyahoan tina angarna taneuh di unggal nagara kaasup di Indonesia.

Saterasna..

Pulitik Ki Sunda: Sunda Substantif, Sunda Kualitatif, Sunda Aktual

Ku : Dr. H. Gunawan Undang, M.Si

Dina salah sahiji edisi majalah Sunda Mangle (di Bandung) sababaraha waktu katukang, mun teu salah mah aya salah sahiji artikel nu jejerna Iraha ki sunda manggung? Basa ilubiung dina diskusi “Manusa Sunda Ditinjau dari Perspektif Sejarah” dijejeran ku Dr.Nina H.Lubis (Sejarawan ti unpad) nu dilaksanakeun ku SKM Galura (Koran Sunda di Bandung) sababaraha waktu ka liwat; nu leuwih nyoko kana adeg-adeg manusa Sunda mangsa bihari jeung kiwari, aya sababaraha pasualan karakter Ki Sunda, diantarana : ari urang Sunda teh teuneung... Saterasna..

Kyai Tapa

Kyai Tapa aya onjoyna lamun dibandingkeun jeung pahlawan-pahlawan sejen. Sanajan inyana urang Banten, tapi ambahan perjoanganana lega, lain berjoang di wewengkon Jawa Barat wungkul. Kungsi ngagabung jeung urang Mataram anu keur perang ngalawan Kumpeni di Pati, Jawa Tengah. Mantuan pasukan Cakraningrat di Gresik jeung Madura, Jawa Timur. Tujuanana nya eta nyingkahkeun kakuatan deungeun anu ngereh lemah cai. Anu dimaksud lemah cai ku Kyai Tapa lain ngan kasultanan Banten atawa tatar Sunda, tapi sakuliah nusantara. Eta nandakeun perjoangan Kyai Tapa henteu dumasar kana sikep... Saterasna..

Sasakala Pandeglang

Jaman baheula aya hiji putri, putra Sanghiang Kanali¬putih, jenenganana Nyi Putri Grajati, calikna di sisi Wa¬lungan Cilémér. Dina jaman harita éta putri kawéntar pisan kageulisanana. Réa raja jeung putra raja nu paralayeun migarwa. Tapi boro-boro kalaksanakeun migarwa, nepangan ogé teu aya nu iasa, da teu aya nu uningaeun lebah-lebahna acan. Sawarnaning mahluk anu kumelip di leuweung éta, euweuh nu teu muji ka putri, kayungyun ku kageulisanana, kasabaranana, jeung kasaéan manahna. Upama Nyi Putri angkat-angkatan, sato héwan... Saterasna..

Seni & Kaulinan

LAIS Kasenian Tradisionil Sunda

Ku : Kang Fauzi Salaka

Lais téh kasenian anu mintonkeun kamonésan. Ari kamonésanana deukeut-deukeut kana akrobat. Dina prungna pagelaran lais, dipasang dua tihang gombong anu jangkungna kira-kira 13 méter sarta tungtung-tungtungna dipentang ku tambang atawa tali. Ari anggang tihangna kira-kira genep méteran. Tah anu lais téh sok ngayakeun akrobat dina éta tambang, bari jeung teu sieuneun tijuralit atawa ragrag. Siga jalma anu keur meuntas catang baé.

Saterasna..
08/06/2012

Balagonjakan

Peuting Munggaran

Saenggeus bobogohan sabaraha bulan lilana ,Si Ujang jeung Si Nyai ahirna ngabuktikeun jangji pasini baheula waktu maranehna aya dihandapeun tangkal katusba , ayeuna ngajadi ka bale nyungcung. Maklum parawan jeung bujang can nyaho kudu kumaha nyinghareupan peuting munggaran... tapi duanan pada gengsi, embung ngaku lamun maranehna duanana hayang ngalakukeun kawajiban dina peuting munggaran.Ahirna pada ngaharuleng, si ujang boga inisiatif kaluar ti kamar terus nanya ka mitoha lalakina.

Saterasna..
05/04/2013

Lalayang