image

SundaMaya.org

Badan Musyawarah Masyarakat Sunda Propinsi Jawa Barat

11/06/2012

Carita ti Limbangan

Ku : Aan Merdeka Permana

Prabu Munding Wangi Raja Pamungkas Galih Pakuan

KARAJAAN Galih Pakuan anu perenahna di wewengkon Kacamatan Limbangan Kabupatén Garut, sanajan leutik tapi boga umur anu panjang. Geus aya ti abad 5 kénéh, diadegkeun ku Prabu Srimatikan Wrédikandar atawa Prabu Rumpah, turunan Tarumanagara. Ari rajana anu pamungkas, katelahna Prabu Munding Wangi, makamna aya di ponclot Gunung Pabéasan, wewengkon Selaawi, Kabupatén Garut.
 

PABÉASAN téh hiji ngaran gunung di wewengkon tonggoheun Kacamatan Selaawi, Kabupatén Garut. Kaasup gunung anu luhur da lamun urang aya di ponclotna, padataran handap Limbangan kaawaskeun kalawan écés. Di ponclotna aya makam kuna. Henteu kaurus da arang aya jalma anu ngalanto ka lebah dinya ari teu penting-penting teuing mah. Mun ku anu saliwat, moal kabireungeuh makam, sabab ukur gundukan batu, kitu gé geus marisah. Kaayaanana kacida barala ku rungkun, alimusa jeung tangkal cucuk. Tapi da loba urang Selaawi jeung Limbangan anu ngarasa yakin yén éta téh makamna Prabu Munding Wangi.

Ari Prabu Munding Wangi téh, taya lian iwal ti raja pamungkas Karajaan Galih Pakuan (1690-1695 Maséhi). Ngaran aslina mah inyana téh Sriyadipasti.

Sriyadipati atawa Prabu Munding Wangi téh putrana Sunan Rumenggong ti geureuha nu namina Walanis Wangi atawa Wahli Sartiningsi.

Walanis Wangi téh ogé mangrupa raina Prabu Adipatékan Jayakencana, nyaéta raja Karajaan Galih Pakuan saméméh Prabu Munding Wangi. Ku sabab Prabu Adipatékan teu boga turunan lalaki, singgasana karajaan téh ahirna dipasrahkeun ka alona atawa putrana pasangan Sunan Rumenggong jeung Walanis Wangi.

Karajaan Galih Pakuan téh bisa jadi karajaan nu umurna kawilang kolot di tatar Sunda. Ngadegna abad 5 atawa taun opat ratusan, eureun-eureun taun 1695 sabab dina taun éta pangaruh Mataram asup, jeung nagara dirobah jadi kabupatian.

“Karajaan mah terus hirup ngan teu kaambeu ku umum,” ceuk Sunan Rumenggong tina catetan-catetan tradisional. Teu kaambeu ku umum, atawa kurang katalingakeun ku balaréa, sabab sanajan umurna kawilang panjang tapi Galih Pakuan lain karajaan badag jeung salila ngadeg, sasat teu ngalaman kajadian-kajadian badag.

Sanajan umurna jauh leuwih kolot batan Pajajaran tapi basa Pajajaran ngadeg mah, Galih Pakuan téh kaéréh ka Pajajaran. Galih Pakuan boga kawajiban nganteurkeun séba ka Pakuan dina saban aya acara Kuwérabakti. Sanggeus Islam sumebar ka mana-mana, Galih Pakuan tetep hormat ka Pajajaran, ku jalan teu ngeureunkeun séba.

Padahal ti jaman Prabu Handé Liman Sanjaya, (putra Sri Baduga Maharaja), sacara pamaréntahan, Galih Pakuan geus leuwih déngdék ka Cirebon, batan milih biluk ka Pajajaran, sanajan ari ambarahayatna mah kabagi dua. Hartina, aya anu mémang milu déngdék ka Cirebon tapi ogé aya anu tetep satia-satuhu ka Pajajaran. Ti antara maranéhna, kungsi aya patelak urusan ieu, ngan henteu ari jadi patelak badag mah. Ongkoh sanajan milih biluk ka Cirebon, pamaréntahan Galih Pakuan henteu ngamusuhan Pajajaran.

Sunan Rumenggong, datang ti wewengkon Banten, milu nyebarkeun Islam di wewengkon Galih Pakuan. Loba urang Galih Pakuan anu pindah agama, tapi aya anu keukeuh satia-satuhu kana agama karuhun. Tapi ku Sunan Rumenggong teu dikukmaha, teu dipaséaan.

“Da ari enas-enasna mah kabéh ogé tunggal sadulur, jadi tong alatan béda kayakinan jadi pacogrégan,” saur Sunan Rumenggong harita. Tapi kilangh kitu cenah, kungsi ari aya papaséaan tepikeun ka timbul galungan mah. Ngan mimitina tina urusan dadagangan. Sawaktu aya sabubuhan padagang muslim ti Banten ka Galih Pakuan, timbul patelak urusan nangtukeun tata-cara dagang. Ceuk ieu kudu ku cara tradisi karuhun tapi ceuk itu kudu ku tata-cara Islam, atuh sasama padagang béda paham agama téh paraséa, tilu bulan lilana aya riweuh-riweuh di Galih Pakuan sabab padagang urang Banten, ngeprak balad ti Banten. Eureun-reun sotéh ku kasadaran masing-masing pihak wé. Jiga ceuk ucapan Sunan Rumenggong téa, yén dina enas-enasna mah kabéh gé tunggal sadulur sanajan béda paham kayakinan ogé.

Sunan Rumenggong ogé datangna ti Banten ka Galih Pakuan téh, niatna mah jual-beuli, ngan selang-selang ti éta sok nyebarkeun agama. Malah ku sabab ari di kalangan pamaréntahan mah, pangagung téh loba anu geus muslim, atuh Sunan Rumenggong ogé loba hubungan jeung pangagung, tepikeun ka ahirna nikah ka raina Prabu Adipatékan, nyatana Nyi Walanis Wangi. Malah ahirna, nya putra ti ieu pasangan anu ka hareupna ngagantikeun raja, Prabu Munding Wangi, atawa Sriyadipati téa. Hanjakal, karajaan sanggeusdirajaan ku Prabu Munding Wangi, ukur nyésakeun umur salila lima taun (1690-1695). Nu jadi masalah, robahna pajamanan karasa pisan héabna. Mataram ajeg-pengkuh di wilayah Priangan, nancebkeun adeg-adeg pamaréntahan anyar. Tina karajaan, Galih Pakuan robah jadi kabupatian. Kitu gé ngaran Galih Pakuanana mah leungit, nya robah jadi Kabupatian Limbangan. *** Dicutat tina Majalah Ujung Galuh No. 13

Saha Ari Kian Santang?

Ku: Anis Djatisunda

Ceuk pangot guratan carita, Raden Santang Aria Cakra Buana Prabu Anom Pajajaran, ahirna ngababakan di “Lemah Bodas” tea, ngarundaykeunn”Rawayan” (turunan) nu ngarunday ngantay nepi ka sakur turunanana nu kiwari, mawa ngaran Batara Cikal, nyaeta di wilayah daerah Kanekes (Baduy) jeung aya oge nu di wilayah Kacamatan Bayah. Anu ceuk “Uga Lebak Cawene” mah pibarisaeun ka hareupna teh, cenah: “Nya laju rame di Lebak Cawene, rapang damar teu minyakan, nyaangan ka jaman nu bakal datang, sorangeun sakabeh anak-incu... Saterasna..

Surabi Imut, Tina Kadaharan Tradisional Dimodifikasi Jadi Kadaharan Modern Pikareueuseun

Tina bahan poko nu sarua nya eta tipung beas, kalapa jeung uyah, dimodifikasi bae eusina, nya jadi Surabi Imut. Aya nu eusina coklast kiju, coklat susu, kiju susu, jeung rea-rea deui. Pikeun kadaharan tambahanana aya pisang bakar jeung colenak. Nu matak reueus lantaran Surabi Imut kapilih ngeusian konsumsi pikeun ondangan di Istana Negara dina raraga Mieling HUT Kamerdekaan RI tanggal 17 Agustus 2004.

Saterasna..

Upacara Ngunduh Mantu Jeung Upacara Ngarunghal

Ku: HJ Titien Gilang MS

Nohonan jangji sim kuring dina pedaran pangjejer rupa-rupa acara pangantenan, terasannana kana bab ngunduh mantu.
Anu dimaksud ngunduh mantu nyaeta salametan atawa syukuran anu diayakeun di patempatan kulaawarga panganten pameget. Kalebet kana acara walimatul ursy keneh, pikeun ngawawar ka baraya kulawarga ti pihak pameget yen geus lumangsung kalawan lungsur langsar pernikahan tanpa halangan harungan.

Saterasna..

Benteng

Ngagelarna rasa nu ajeg, tina tangtungan maneuh ,lebah tatapakan pangapungan, lir eunteung nu ngalelewe. Sanajan mun mapay ka puhu, enya bibit-buitna tina katangtuan “Decklarations of Human Right”, tapi apan ngagetrakna rasa mah teu leupas tina pangarauh kaayaan jeung lingkungan. Boh lingkungan alam, fisik, atawa psichys nepi ka supernatural. Naon wae nu diasongkeun, nu dipidangkeun, anger nyoko kana kanyataan mimesis. Da mustahil aya tapak tanpa lacak, sanajan bisa wae disebut inovasi atawa kreasi anyar. Teu bina cara pagedrugna katangtuan hukum jeung aparat... Saterasna..

Kapamingpinan Di Masyarakat Sunda Dumasar Naskah

Ku Ayatrohaedi *)
Fakultas ilmu Pengetahua Budaya UI

Pamuka

Tingkahlaku para pamingpin di jaman modern ayeuna teu wudu matak ngabingungkeun rayat. Aya gegeden nu dina unggal kasempetan ngarobah pernyataan nu diomongkeun samemehna. Aya nu mindeng nyebut poho ngeunaan perkara nu sakira nyedekkeun manehna. Aya deui gegeden nu silihtuding, silhihsalahkeun, atawa silihkilungan,gumantung kanyataan situasi. Sagigireun eta aya para pamingpin nu salawasna ngarasa bener jeung nganggap anakbuahna nu kurang faham kana nasehat atawa parentah. Horeng kabehnanana ngan boga... Saterasna..

Mashudi Pajoang Jeung Tokoh Pendidikan

Ku: Djodi Prihatna, A.Md.Pd-MG

Lamun urang ngadenge ngaran Mashudi, anu kacipta teh pasti barudak pramuka Siaga anu keur arulin udag-udagan, Penggalang anu keur kemping, Penegak anu keur naek gunung, atawa Pandega anu keur diskusi. Enya, mantan Gubernur, pajuang jeung tokoh pendidikan teh identik jeung kagiatan pramuka, sabab anjeunna aktif ti mimiti KBI nepi ka Pramuka. Malahan taun 1978-1994 jadi Ketua Kwartir Nasional Gerakan Pramuka. Sababaraha bulan samemeh Jambore Nasional 2006 dibuka ku Presiden Soesilo Bambang Yudhoyono, ieu tokoh Pramuka teh tilar dunya. Mashudi,... Saterasna..

Sajarah Sagalaherang

Catetan: Gunawan Yusuf

Bismilahirohmanirohim. Alhamdulilah ku muji syukur ka Ilahi Rabbi, sim abdi bade nyobian muka Babad Sagalaherang. Ka kasepuhan nu aya di Sagalaherang, abdi nyuhunkeun dihapunteun bilih dina bahasan aya nu teu merenah, atuh ka para anggota milis ieu kritik sareng saran diantos pisan kumargi panulisan babad ieu teu terstruktrur. Anapon sumber panulisan sajarah ieu dicandak tina buku Sajarah Cikundul ti Yayasan Cikundul Cianjur sareng katerangan para sesepuh di Sagalaherang sareng Cikundul, Cianjur.

Saterasna..

Seni & Kaulinan

Lagu - Lagu Sunda

Pasundan Eksiganda

Eh Pasundan eksiganda
Kuring nyaah ka andika
Andika teh tanah endah
Uparengga nusantara
Sugih jiwa sugih bahan
Linuturan kawibawan
Eh Pasunda eksiganda
Kuring nyaah ka andika

Saterasna..
05/04/2013

Balagonjakan

Kamari Mah Can Aya

Aya saurang turis Amerika naék taksi nuju ka Setasion Bandung. Tayohna mah manéhna téh rék ka Jakarta. Sapanjang jalan manéhna loba tatanya sual wangunan, da ceuk pangaku manéhna ka supir taksi, cenah di Amérikana téh manéhna sok ngaborong wangunan.
“Ini gedung apa namanya?” ceuk éta turis nanya ka supir taksi waktu ngaliwat ka jalan Gatot Subroto.
“Oh, itu gedung Lippo Tuan,” témbal supir taksi.
“Berapa lama dibangunnya?”
“Seingat saya, gedung itu dibangun antara dua sampai tiga tahun,”
“Lama sekali yah. Kalau di Amérika membangun gedung seperti itu cukup satu tahun.”

Saterasna..
05/04/2013

Lalayang