image

SundaMaya.org

Badan Musyawarah Masyarakat Sunda Propinsi Jawa Barat

11/06/2012

Carita ti Limbangan

Ku : Aan Merdeka Permana

Prabu Munding Wangi Raja Pamungkas Galih Pakuan

KARAJAAN Galih Pakuan anu perenahna di wewengkon Kacamatan Limbangan Kabupatén Garut, sanajan leutik tapi boga umur anu panjang. Geus aya ti abad 5 kénéh, diadegkeun ku Prabu Srimatikan Wrédikandar atawa Prabu Rumpah, turunan Tarumanagara. Ari rajana anu pamungkas, katelahna Prabu Munding Wangi, makamna aya di ponclot Gunung Pabéasan, wewengkon Selaawi, Kabupatén Garut.
 

PABÉASAN téh hiji ngaran gunung di wewengkon tonggoheun Kacamatan Selaawi, Kabupatén Garut. Kaasup gunung anu luhur da lamun urang aya di ponclotna, padataran handap Limbangan kaawaskeun kalawan écés. Di ponclotna aya makam kuna. Henteu kaurus da arang aya jalma anu ngalanto ka lebah dinya ari teu penting-penting teuing mah. Mun ku anu saliwat, moal kabireungeuh makam, sabab ukur gundukan batu, kitu gé geus marisah. Kaayaanana kacida barala ku rungkun, alimusa jeung tangkal cucuk. Tapi da loba urang Selaawi jeung Limbangan anu ngarasa yakin yén éta téh makamna Prabu Munding Wangi.

Ari Prabu Munding Wangi téh, taya lian iwal ti raja pamungkas Karajaan Galih Pakuan (1690-1695 Maséhi). Ngaran aslina mah inyana téh Sriyadipasti.

Sriyadipati atawa Prabu Munding Wangi téh putrana Sunan Rumenggong ti geureuha nu namina Walanis Wangi atawa Wahli Sartiningsi.

Walanis Wangi téh ogé mangrupa raina Prabu Adipatékan Jayakencana, nyaéta raja Karajaan Galih Pakuan saméméh Prabu Munding Wangi. Ku sabab Prabu Adipatékan teu boga turunan lalaki, singgasana karajaan téh ahirna dipasrahkeun ka alona atawa putrana pasangan Sunan Rumenggong jeung Walanis Wangi.

Karajaan Galih Pakuan téh bisa jadi karajaan nu umurna kawilang kolot di tatar Sunda. Ngadegna abad 5 atawa taun opat ratusan, eureun-eureun taun 1695 sabab dina taun éta pangaruh Mataram asup, jeung nagara dirobah jadi kabupatian.

“Karajaan mah terus hirup ngan teu kaambeu ku umum,” ceuk Sunan Rumenggong tina catetan-catetan tradisional. Teu kaambeu ku umum, atawa kurang katalingakeun ku balaréa, sabab sanajan umurna kawilang panjang tapi Galih Pakuan lain karajaan badag jeung salila ngadeg, sasat teu ngalaman kajadian-kajadian badag.

Sanajan umurna jauh leuwih kolot batan Pajajaran tapi basa Pajajaran ngadeg mah, Galih Pakuan téh kaéréh ka Pajajaran. Galih Pakuan boga kawajiban nganteurkeun séba ka Pakuan dina saban aya acara Kuwérabakti. Sanggeus Islam sumebar ka mana-mana, Galih Pakuan tetep hormat ka Pajajaran, ku jalan teu ngeureunkeun séba.

Padahal ti jaman Prabu Handé Liman Sanjaya, (putra Sri Baduga Maharaja), sacara pamaréntahan, Galih Pakuan geus leuwih déngdék ka Cirebon, batan milih biluk ka Pajajaran, sanajan ari ambarahayatna mah kabagi dua. Hartina, aya anu mémang milu déngdék ka Cirebon tapi ogé aya anu tetep satia-satuhu ka Pajajaran. Ti antara maranéhna, kungsi aya patelak urusan ieu, ngan henteu ari jadi patelak badag mah. Ongkoh sanajan milih biluk ka Cirebon, pamaréntahan Galih Pakuan henteu ngamusuhan Pajajaran.

Sunan Rumenggong, datang ti wewengkon Banten, milu nyebarkeun Islam di wewengkon Galih Pakuan. Loba urang Galih Pakuan anu pindah agama, tapi aya anu keukeuh satia-satuhu kana agama karuhun. Tapi ku Sunan Rumenggong teu dikukmaha, teu dipaséaan.

“Da ari enas-enasna mah kabéh ogé tunggal sadulur, jadi tong alatan béda kayakinan jadi pacogrégan,” saur Sunan Rumenggong harita. Tapi kilangh kitu cenah, kungsi ari aya papaséaan tepikeun ka timbul galungan mah. Ngan mimitina tina urusan dadagangan. Sawaktu aya sabubuhan padagang muslim ti Banten ka Galih Pakuan, timbul patelak urusan nangtukeun tata-cara dagang. Ceuk ieu kudu ku cara tradisi karuhun tapi ceuk itu kudu ku tata-cara Islam, atuh sasama padagang béda paham agama téh paraséa, tilu bulan lilana aya riweuh-riweuh di Galih Pakuan sabab padagang urang Banten, ngeprak balad ti Banten. Eureun-reun sotéh ku kasadaran masing-masing pihak wé. Jiga ceuk ucapan Sunan Rumenggong téa, yén dina enas-enasna mah kabéh gé tunggal sadulur sanajan béda paham kayakinan ogé.

Sunan Rumenggong ogé datangna ti Banten ka Galih Pakuan téh, niatna mah jual-beuli, ngan selang-selang ti éta sok nyebarkeun agama. Malah ku sabab ari di kalangan pamaréntahan mah, pangagung téh loba anu geus muslim, atuh Sunan Rumenggong ogé loba hubungan jeung pangagung, tepikeun ka ahirna nikah ka raina Prabu Adipatékan, nyatana Nyi Walanis Wangi. Malah ahirna, nya putra ti ieu pasangan anu ka hareupna ngagantikeun raja, Prabu Munding Wangi, atawa Sriyadipati téa. Hanjakal, karajaan sanggeusdirajaan ku Prabu Munding Wangi, ukur nyésakeun umur salila lima taun (1690-1695). Nu jadi masalah, robahna pajamanan karasa pisan héabna. Mataram ajeg-pengkuh di wilayah Priangan, nancebkeun adeg-adeg pamaréntahan anyar. Tina karajaan, Galih Pakuan robah jadi kabupatian. Kitu gé ngaran Galih Pakuanana mah leungit, nya robah jadi Kabupatian Limbangan. *** Dicutat tina Majalah Ujung Galuh No. 13

Ngirit Energi

Ku, Rahmat Afandi

Presiden RI Susilo Bambang Yudhoyono, kungsi umajak ka sakumna rahayat pangeusi nagri, yen sarerea kudu caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket,sabab di luaran haga minyak nerekel, geus nincak 120 US Dolar/barelna. Jadi wayahna cenah, urang Ceuk nu palinter tur arapal mah, energy teh lain ngan ukur bahan bakar wungkul, lain listrik, atawa tanaga cai, angin, atom, nuklir, geothermal, atawa thermonuklir wungkul. Ari nu kaasup energy teh cenah oge, sumberdaya-manusa. Panalekna, naha sumberdaya manusa, milu kakuras, atawa boros? Data ngeunaan ieu hal,... Saterasna..

Kujang Gagaman Piandel

Ku: Hj. Titien Gilang Hadi

Kujang teh lain ngan saukur pakakas pikeun perang tapi oge pikeun tatanen, pangarak jeung pusaka. Pakarang Sunda nu jadi ciri kasundaan teh rupa-rupa wangun jeung ukuranana. Pikeun neuleuman ngeunaan naon jeung kumaha nyieun kujang, ieu tulisan disusun, sakalian nyumponan pamenta ti pamaca di mancanagara. Sumangga nyanggakeun.
Ieu tulisan, nyumponan pameredih ti nu maca anu aya di mancanagara, anu kungsi nanyakeun asal usulna sebutan Kudyang anu kiwari kawentar disebut Kujang. Urang Sunda pasti kana reueusna mibanda kujang teh.... Saterasna..

Masjid

Tina: Naskah Catetan “Masjid”. R. Soerjo Argawisastra

Upami simkuring tumaros ka salasaurang muslim “Naon ari masjid teh? Dina umumna waleran anu bakal katampi kieu: “Masjid teh nyaeta tempat ibadah (solat) babakuna solat Jumaah” Eta waleran kacida leresna, namung upami ditingal tina segi makna anu saleresna eta waleran teh kirang leres. Atanapi langkung sae disebatkeun setengah leres, upami pangajenna ati-ati pisan mah.

Saterasna..

Kapamingpinan Di Masyarakat Sunda Dumasar Naskah

Ku Ayatrohaedi *)
Fakultas ilmu Pengetahua Budaya UI

Pamuka

Tingkahlaku para pamingpin di jaman modern ayeuna teu wudu matak ngabingungkeun rayat. Aya gegeden nu dina unggal kasempetan ngarobah pernyataan nu diomongkeun samemehna. Aya nu mindeng nyebut poho ngeunaan perkara nu sakira nyedekkeun manehna. Aya deui gegeden nu silihtuding, silhihsalahkeun, atawa silihkilungan,gumantung kanyataan situasi. Sagigireun eta aya para pamingpin nu salawasna ngarasa bener jeung nganggap anakbuahna nu kurang faham kana nasehat atawa parentah. Horeng kabehnanana ngan boga... Saterasna..

Kang Idik Sulaeman

Anggota 3 zaman: Pandu, Pramuka jeung Padi

Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG

Idik Sulaeman mindeng milu Kursus Pelatih Pembina boh di Bandung, Jakarta, Bangkok jeung New Zealand. Sanggeus jadi Pelatih Pembina, inyana meunang pancen mere ceramah dina kursus di ibukota Provinsi ti mimiti Aceh nepi ka Irian Jaya. Inyana oge kungsi mawa kontingen pramuka ka Jambore Internasional di Amerika Serikat jeung Jepang. Malahan kungsi ngajarkeun kapramukaan di sakola-sakola boh di Tokyo, Bangkok jeung Saudi Arabia.
Kang Idik Sulaeman Kakwarcab Kota Bandung manten... Saterasna..

Sajarah Wanayasa

Ku: Budi Rahayu Tamsyah

Ujaring sepuh.

Ari karuhun Wanayasa téh asalna ti Mataram, nya eta Susuhunan Mangkurat, putrana Susuhunan Tegalarum. Susuhunan Tegalarum putrana Sultan Agung Mataram. Asalna tedak Dipati Hariang Banga, putra pamindo Ratu Galuh.
 
 

Saterasna..

Seni & Kaulinan

Sajak-sajak Inu Nugraha

ASMARANDANA

Asa cikeneh anjeun ngaharewos
Nyulusup na sapanjang renghap napas
Marengan gelikna suling
Lir ngahudang deui sara asih
Nu geus lawas
Laas ku mangsa
Kari waasna
Ngalangkang
Siga cahaya bulan
Nu ngambang di langit paul

Saterasna..
05/04/2013

Balagonjakan

Maen Bal

Hiji waktu pasien RSJ.Bandung Jl. Riau 11 kudu dipindahkeun ka RSJ. Cilendek di Bogor.
Keur nyinggeut waktu, jeung ngingetkeun bahayana, diputuskeun pindahanana make kapal udara, nu route na ti Lanud Husein Sastranagara ka Lanud Atang Sanjaya.
Mimitina perjalanan lancar jeung tenang, tapi disatengahing perjalanan ngadadak saurang pasien mimiti stress, tuluy ngajak babaturanana maen bal dina jero kapal. kaayaan dina jero kapal jadi saheng sabab nugelo tea bari jeung ajrag - ajragan sarurak, ngaganggu katengan pilot sabab kadang kadang bal na sakapeung asup kana kokpit, si pilot jeung co-pilot ngarasa kaganggu terus nyalukan susterna bari ngomong :
Pilot Acep : "Suster, cik punten eta pasien ditenangkeun heula, sabab lamun kieu terus mah bisa-bisa ieu kapal nabrak gunung atawa rag-rag atuh!" ceuk pilot Acep ka suster Mumun.

Saterasna..
05/04/2013

Lalayang