image

SundaMaya.org

Badan Musyawarah Masyarakat Sunda Propinsi Jawa Barat

09/06/2012

Kota Garut

Garut nu kiwari jadi salah sahiji kabupatén di Provinsi Jawa Barat, boga sajarah anu panjang. Awalna ieu wewengkon teh kabawa ka Kabupatén Limbangan, tuluy jadi Limbangan – Garut, sarta ahirna jadi Kabupatén Garut.
Daérah Kabupatén Garut nu ayeuna téh gabungan ti sawatara wewengkon anu tadina kabawa ka kabupatén séjén. Sawaréh di antarana tilas Kabupatén Balubur Limbangan anu ngawengku Limbangan, Wanakerta (Cibatu), Wanaraja, Suci (Garut), jeung Panémbong (Bayongbong). Sawaréh deui tilas Kabupatén Sukapura/Tasikmalaya anu ngawengku Batuwangi (Singajaya), Kandangwesi (Bungbulang), jeung Nagara (Pameungpeuk). Sawaréh deui tilas Kabupatén Parakanmuncang (Cicaléngka) anu ngawengku Cikembulan (Lélés) jeung Timbangantén (Tarogong). Sawaréh deui tilas Kabupatén Sumedang, nyaéta Malangbong, jeung sawaréh tilas Kabupatén Cianjur, nyaéta Cisewu.

Méh saabad lilana (1813 – 1913) wewengkon Garut sacara administratif disebut Kabupatén Limbangan, anu ibukotana di Balubur Limbangan. Béh dituna deui, Balubur Limbangan téh disebutna Galuh Pakuan anu diadegkeun ku Prabu Limansenjaya Kusumah anu sohor ku sebutan Sunan Cipancar.

Taun 1811, ku Gubernur Jéndral Daendeles, Kabupatén Limbangan dieuweuhkeun. Daérahna dibagi-bagi sarta digabungkeun jeung Kabupatén Sumedang, Bandung, Cianjur jeung Parakanmuncang. Tujuanana pikeun reorganisatie (reorganisasi) jeung hervorming (ngabebenah wilayah). Lian ti éta pikeun ningkatkeun hasil  tatanén, pangpangna kopi.  Nya harita Daendeles ngajalankeun sistem cultuurstelsel (tanam paksa) pikeun nutupan hutang VOC ka pamaréntah Walanda.

Kabupatén Limbangan dihirupkeun deui taun 1813 ku Thomas Stanford Raffles, Gubernur Inggris nu harita ngawasa Pulo Jawa. Anu diangkat jadi bupati Kabupatén Limbangan harita nyaéta Radén Adipati Adiwijaya, putra cikal Pangéran Kornél Sumedang.

Dina taun 1913, ieu Kabupatén téh resmi dingaranan Kabupatén Garut. Bupati Limbangan-Garut anu harita keur ngawasa, nyaéta Aria Wiratanudatar VII, ogé ditetepkeun jadi Bupati Garut anu munggaran. Soal ngaran Garut, cenah aya sasakalana. Waktu keur ngabaladah tempat anyar keur pidayeuheun Kabupatén, béjana aya nu kakarut. Tah, kecap Garut téh robahna tina kecap kakarut téa nu ceuk urang Walanda mah kadéngéna Gagarut.

Wewengkon Garut ngalaman kamajuan anu hadé pisan dina paro kadua abad ka- 19. Pangpangna mah lantaran jasa dua jalma anu harita jadi dwitunggal di Garut, nyaéta R.H. Muhamad Musa (Panghulu Kabupatén Limbangan - Garut) jeung Karel Frederic Holle (juragan kebon entéh Waspada, Cikajang). Ku ketakna éta dua jalma, sistem tatanén di Garut kacida majuna, malah Garut jadi daérah anu kaitung subur men dibandingkeun jeung wewengkon séjén di Priangan.

Dina awal abad ka-20, ngaran Garut beuki kawentar kamamana. Pangpangna lantaran kota Garut anu jadi puseur kabupatén réa dijugjug ku turis. Garut harita katelah jadi Swiss van Java lantaran kaéndahan alamna. Lian ti hawana anu tiis, ogé dilingkung ku gunung-gunung. Di antarana Gunung Cikuray, Papandayan, Guntur, Karacak, Talagabodas, jeung Haruman. Lain turis lokal baé anu ngahaja datang  ka Garut téh, tapi ogé turis ti mancanagara.

Waktu muncul gerakan kabangsaan, Garut gé jadi puseur perjuangan para. tokoh pergerakan anu boga cita-cita hayang ngamerdékakeun Indonésia. Pangpangna aranjeunna téh tokoh-tokoh pergerakan ti kalangan Islam anu aktif dina SI (Sarékat Islam) anu tuluy jadi PSII (Partai Sarikat Islam Indonesia). Inohongna di antarana Kiyai Harmaén, K.H. Yusuf Tauziri, Karto Suwiryo, K.H. Mustafa Kamil, Haji Hasan, jeung Aruji Kartawinata. Nepi ka jaman revolusi, éta inohong-inohong perjuangan téh tuluy makalangan boh di tingkat lokal boh di tingkat nasional.

Taun 1960-an, Garut jadi cater deui di tingkat nasional.

Bupati Garut harita, Radén Gahara Wijaya Surya, satékah polah hayang mulangkeun deui citra Garut ka jaman Mooi Garut. Kota diberesihan nepi ka jalan -jalanna ogé lalening. Bupati sorangan sok langsung turun ka jalan mun ningali aya runtah atawa tai kuda nu ngotoran jalan. Nepi ka rahayat Garut téh lingsem sorangan ningali paripolah Bupati anu sakitu bersékana, sarta antukna surti sorangan ngajaga kaberesihan di lingkunganana séwang-séwangan. Tah nya harita, taun 1962, Présidén Sukarno ngalélér anugrah Garut Kota Intan, ku sabab rahayatna tulatén  ngajaga kaberesihan kola. Hanjakal sesebutan Garut Kota Intan ogé ayeuna mah ukur panineunganana.( dicutat tina : sunda.garutkab.go.id)

Karajaan Sumedanglarang (I)

Hasil Tim Peneliti sejarah Jawa Barat, dicaritakeun deui, ku Asep Idjuddin.

Panganteur

Saleresna lami keneh dugi na kana nyuguhkeun karajaan Sumedanglarang teh, da jisim kuring hoyong nyuguhkeun nguntuy, puguh salangsurupna, puguh jujutanana. Dina catetan sajarah, Sumedanglarang teh, dipiwanohna sabada Pajajaran runtag.Nanging kumargi aya pamundut ti teureuh sumedang (ngintun serat ka FB Grup Salakanagara) nu nuju nyukcruk runtuyan sajarah,kapaksa Sumedanglarang disuguhkeun ayeuna. Etang-etang bahan babandingan sareng nyaosan kapanasaran nu nuju nyukcruk... Saterasna..

Surabi Imut, Tina Kadaharan Tradisional Dimodifikasi Jadi Kadaharan Modern Pikareueuseun

Tina bahan poko nu sarua nya eta tipung beas, kalapa jeung uyah, dimodifikasi bae eusina, nya jadi Surabi Imut. Aya nu eusina coklast kiju, coklat susu, kiju susu, jeung rea-rea deui. Pikeun kadaharan tambahanana aya pisang bakar jeung colenak. Nu matak reueus lantaran Surabi Imut kapilih ngeusian konsumsi pikeun ondangan di Istana Negara dina raraga Mieling HUT Kamerdekaan RI tanggal 17 Agustus 2004.

Saterasna..

Roko

Ku: Wahyudin - Batam

Saha nu teu apal kana barang anu panjangna kira kira 8 senti disundut geus kitu disedot haseupna, bari terus ditiupkeun deui,haseup bijil deui tina sela sela biwir anu hideung jeung tina liang irung.Matak sesek lamun kabeneran anu aya disabuderen nu ngaroko teh boga panyakit asma,tapi memang tukang ngaroko mah kurang rasa kasopanana ,komo deui lamun pas anu ngaroko teh di jero angkutan umum,kacida pisan taya ajen diri tukang ngaroko teh,bisa bisa saangkot ngadoakeun goreng kamanehna.

Saterasna..

Tihang - Tihang Surga

(Catetan leutik, Asep Idjuddin)

Yaa ayyuhalladziina aamanut taquullooha waquuluu qaolann tsadiidan Yuslihu lakumu a’maalakum wa yaghfirlakum dzunuubakum waman yuthi’illaahi Wa rosuulahu faqod fajaa ‘adhiiman
(He jalma-jalma nu ariman kudu taqwa aranjeun ka Alloh, jeung lisankeun omongan Nu bener,tangtu Alloh ngomean amal-amalan aranjeun tur ngahampura dosa-dosa Kana dosa-dosa aranjeun.Jeung sing saha anu taat ka Alloh jeung ka Rosul-Na mangka Satemenna maneha bakal meunang kaunggulan nu tan wangenan. QS.33:70-71)

Saterasna..

Saabad Kebangkitan Nasional

Ngajanggelekna wujud Indonesia, jadi hiji nagara merdeka mibanda daulat, sajajar jeung nagara sejen di ieu bumi, lain hasil tina ngalamun. Tapi tina guruntulna kristalisasi sumanget, cita-cita, jeung harepan nu ngagedur ngabebela, ngaduruk unggal renghap ambekan, gumuruh dina unggal dada ngabuliklak, getih asak ngagolak, diasieup kayakinan nu dibulen tekad ngahiji, sareundeuk saigel, dina iuh-iuh beureum-bodas, wawanen sampur sutra budi. Jadi titik panginditan tatapakan pangapungan, ngahontal sampiung kabiruyungan di alak-paul. Nu tadina pamohalan, ngajengleng jadi cecekelan pageuh... Saterasna..

Doddy Achdiat Tisna Amidjaja. Pendidik, Pejoang, Diplomat

Ku: Djodi Prihatna, A.Md.-MG

Guru besar Biologi ti Fak. MIPA –ITB anu kungsi jadi wawakil RI di Perancis sabage Duta Besar Luarbiasa Berkuasa Penuh geus miheulaan urang, pupus 5 Mei 1993 di Nordheim West Phalen, Jerman. Anjeunna kamashur sacara nasional, regional jeung internasional, jeung tetep bakal dipikainget sabage pendidik, elmuwan, intelektual muslim, pajuang jeung diplomat.
Pikeun warga Institut Teknologi Bandung, Profesor Doktor Doddy Achdiat Tisna Amidjaja, nu nenehna Pak Doddy, jadi batur gawe nu pangdipikaresep, guru jeung guru ti guru para mahasiswa nu... Saterasna..

Jayanti Angger Ngageuri

Basisir Jayanti, disebut oge palabuan Jayanti, pernahna di basisir kidul, kaasup kacamatan Cidaun, kabupaten Cianjur. Asal kecap Jayanti, bisa tina Jayantea (Jaya Antea), saurang mantri majeuti (mensesneg) manten, di karaton Pajajaran, nu nincak mangsa sandyakala. Rek runtag, ditarajang pasukan Banten, Cirebon, jeung Demak. Kira-kira taun 1579 M. Inyana ngudag-ngudag Putri Mayangsari. Antukna patelak jeung Rakean Kalang Sunda, pangawal kapetengan pilih tanding.

Saterasna..

Seni & Kaulinan

Sajak & Puisi

Ku Djodi Prihatna

M a n e h n a
(hiji carita ka babaturan nu saihwan)

duh ku manis imutna
leleb anteb, nurih ati nu ningali
ku panjang teuing rambutna
ngagebay diuntun simpay
sorotna netra nu dua
ngaragragkeun iman sakur nu micinta

kuring yakin yen hamo aya tandingna
di dunya anu sakieu legana
ngan manehna, taya deui ngan manehna
jungjunan pangemat brangta

Kota Kembang, awal taun 1968

Saterasna..
05/04/2013

Balagonjakan

Ngadaharan Batu

Harita teh tas ti Bandung ka Majalaya keun, numpak mobil beus Pancasila. Taun genep puluhan mah masih keneh aya Beus nu ngaranna Pancasila kagungan Pa Uca almarhum. Ari ngarendeng jeung aki-aki teu uyahan sajajalan ngan udud padudan we, teu nempo sakitu nu deukeut baratuk teh.
Si aki nepak kana taktak kuring bari nyarita : "Tuh jang , engke mah gunung batu teh bakal lenglang di daharan ku manusa." Cenah bari curukna nunjuk ka pasir lebang suku gunung Bukitculah diwewengkon Ciparay.

Saterasna..
05/04/2013

Lalayang