image

SundaMaya.org

Badan Musyawarah Masyarakat Sunda Propinsi Jawa Barat

07/06/2012

Sangkuriang Aya di Mana-mana

Ku : Aan Merdeka Permana

SIGANA para ahli folkloré perlu ngayakeun panalungtikan deui, sabab tétéla lalakon Sangkuriang lain ukur aya di Bandung, dalah urang Kuningan jeung urang pakidulan Garut gé, ngaraku baroga Sangkuriang.  SALILA ieu Sangkuriang téh sohorna aya di wewengkon Bandung-Subang. “Bukti kongkritna”, nyaéta Gunung Tangkubanparahu. Padahal di sagigireun éta, urang Kuningan ogé ngaku, yén Sangkuriang mah asli urang Kuningan. Bisi teu percaya, pan di ditu aya Gunung Tangkubanparahu. Malah di Waléd, aya arca Sangkuriang. Teu cukup ku kitu da urang pakidulan Garut gé ngakukeun yén Sangkuriang kungsi idek-liher di pakidulan Garut. Tempat ulinna di basisir Cilauteureun. Hanjakal harita can usum KTP, jadi can bisa kakoréh saenyana Sangkuriang téh penduduk mana?

Dina taun 1957 aya majalah Jakarta anu ngaguar Sasakala Sangkuriang dumasar kana fakta géologi. Cenah dataran Bandung kungsi kakeueum alatan Gunung Tangkubanparahu bitu. Gupitan di daérah Sanghyangtikoro jeung Rajamandala, katutup ku keusik, lebu batu jeung eusi gunung. Wewengkon Bandung nu kakeum téh antara Rajamandala tepikeun ka Ujungberung.

Ngan bisa jadi, harita aya sababaraha bujangga anu nyieun atawa nyadur dongéng Sangkuriang, dilarapkeun kana kaayaan geografi masing-masing. Saha anu niron saha, teu kapaluruh. Ngan hasilna, janggélék baé sasakala Sangkuriang di mana-mana. Ngan meureun ari Bandung mah puseurna kagiatan budaya, jadi wé anu diaku Sangkuriang “asli” téh ayana di Bandung.

Di Désa Sukamukti, Kacamatan Cisompét, pakidulan Garut, Sangkuriang diaku asli urang Garut. “Titinggal” Sangkuriang di Sukamukti mah mangrupa batu gedé ngajegir. Mun aya jalma nangtung dina puncelutna, moal katénjo bakat ku luhurna. Batu téh dingaranan Gunung Buligir. Mun rék ulin ka Sancang atawa ka Cilauteureun, katingali atra.

Ceuk dongéng, sakali mangsa Sangkuriang rék nyambungan ka dedemit nu mangkuk di Cilauteureun. Sangkuriang nanggung sundung eusina barang-barang keur nyambungan. Ngan barang anjog ka Leuweung Jagasatru, sinar pajar kaluar mantén. Sangkuriang ambek, sabab lalampahan moal bisa laju ari geus aya panonpoé mah. Sangkuriang mun lalampahan sok dibaturan ku balad dedemit tapi anu embung kacahayaan ku panonpoé. Manéhna sanggup nanggung sundung anu sakitu gedé jeung beuratna téh bané baé dibantuan ku para dedemit. Sangkuriuan ambek duméh kapiheulaan ku pajar. Cul sundung, Sangkuriang ménta ka Nu Kawasa sangkan sundung robah jadi batu. Tah, nya ka hareupna jadi Gunung Buligir. Sangkuriang mah jung baé muru Sanghyang Lawang. Ari nu disebut Sanghyang Lawang téh batu cadas nu aya di éta wewengkon. Muin ditingali ti kajauhan jiga lawang panto.

Sangkuriang gé aya di Kuningan. Lalakonna ampir sarua jeung nu aya di Bandung. Gunung anu jiga parahu nangkub gé aya di Kuningan téh. Ari di Waléd, Kabupatén Cirebon deuih, kapanggih aya arca anu diaku arcana Sangkuriang. Dongéng Sakuriang gé aya, peresis jeung vérsi Bandung. Nu dibendungna lain Citarum tapi Cisanggarung, dijieun situ jang lalayaran. Hanjakal arca téh geus euweuh tina urutna. Cenah mah dibawa diamankeun ka Bandung. Nyao ka mana ka Bandungna. ***

 Dicutat tina Buku Serial investigasi sajarah lokal jeung carita rayat LALAKON TI KUNINGAN nu bakal medal Mei 2012

Bandros Mang Deri

Mun pareng ka Kantor Pos Bandung, beulah kulon aya hiji nudagang Bandros nu geus aya taunna di eta tempat. Malah Bandrosna teh kajojo lain wae dibeulian ku tukang parkir, tukang Koran wae tapi rea anu turun tina mobil ngahaja meuli Bandros mang Deri. Mun ditanya salah saurang ibu anu katempona jelema “aya” ngajawabna ; Banros mang Deri mah asli tara dicampuran ku tipung tarigu. Cenah.

Saterasna..

Kausap Korod

Carita Pawayagahan

Ku Fauzi Salaka

Gunung Malabar anu disebut ku para padumuk di sabudeureun eta gunung mah gunung Gede. Mun disaba kalengkob beulah kidul bakal tepung jeung Cipanas Garut, sedengkeun ka beulah kulon tepung jeung gunung Padang brasna ka Ciwidey. Kungsi kuring nempo tengah peuting ti Tambakbaya waktu keur nganjang ka kulawarga mertua, anu pernahna disuku gunung Gede (gunung Malabar). Lian ti angin ngagelebug, nempo ka gunung bet tingparuringkak bulu pundung. Geueuman, pikasieuneun !!. Cenah didinya teh masih keneh rea Maung.

Saterasna..

Benteng

Ngagelarna rasa nu ajeg, tina tangtungan maneuh ,lebah tatapakan pangapungan, lir eunteung nu ngalelewe. Sanajan mun mapay ka puhu, enya bibit-buitna tina katangtuan “Decklarations of Human Right”, tapi apan ngagetrakna rasa mah teu leupas tina pangarauh kaayaan jeung lingkungan. Boh lingkungan alam, fisik, atawa psichys nepi ka supernatural. Naon wae nu diasongkeun, nu dipidangkeun, anger nyoko kana kanyataan mimesis. Da mustahil aya tapak tanpa lacak, sanajan bisa wae disebut inovasi atawa kreasi anyar. Teu bina cara pagedrugna katangtuan hukum jeung aparat... Saterasna..

Etika Kapamingpinan Sunda

Ku: Dede Kosasih

Kecap etika (ethica) téh asalna tina kecap basa Yunani ethos, nu pihartieunana nya éta hal-hal anu pakuat-pakait jeung kahirupan batin atawa moral. Jadi nu dipimaksud ku kecap etika téh nya éta filsafat ngeunaan moral atawa pandangan nu aya patalina jeung moral anu hadé. Kapamingpinan, kiwari nu nelah leadership téa, maksudna taya lian iwal ti gambaran tina sikep pribadi hiji jelema dina mawa nu jadi asuhanana (kolompok pribadi-pribadi atawa kolompok sosial) enggoning ngudag hiji tujuan nu jadi sasaranana.... Saterasna..

Danudirdja Setiabudi

Pajoang jeung pahlawan nasional

Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG

Salasaurang tokoh pajoang jeung pahlawan nasional ti kaom Indo anu teu eureun-eureun ngabelaan kaom Indo jeung kaom pribumi tina kasawenang-wenangan pamarentah jajahan Walanda. Bareng jeung Cipto Mangunkusumo sarta Suwardi Suryaningrat, ngadegkeun Budi Utomo taun 1908.
Ngaranna panjang oge: Dr. Ernest Francois Eugène Douwes Dekker, ngaran pribumina mah Danudirdja Setiabudi. Dibabarkeun di Pasuruan tanggal 8 Oktober 1879, wafat di Bandung 28 Agustus 1950.

Saterasna..

Jayanti Angger Ngageuri

Basisir Jayanti, disebut oge palabuan Jayanti, pernahna di basisir kidul, kaasup kacamatan Cidaun, kabupaten Cianjur. Asal kecap Jayanti, bisa tina Jayantea (Jaya Antea), saurang mantri majeuti (mensesneg) manten, di karaton Pajajaran, nu nincak mangsa sandyakala. Rek runtag, ditarajang pasukan Banten, Cirebon, jeung Demak. Kira-kira taun 1579 M. Inyana ngudag-ngudag Putri Mayangsari. Antukna patelak jeung Rakean Kalang Sunda, pangawal kapetengan pilih tanding.

Saterasna..

Seni & Kaulinan

Sajak-sajak Inu Nugraha

ASMARANDANA

Asa cikeneh anjeun ngaharewos
Nyulusup na sapanjang renghap napas
Marengan gelikna suling
Lir ngahudang deui sara asih
Nu geus lawas
Laas ku mangsa
Kari waasna
Ngalangkang
Siga cahaya bulan
Nu ngambang di langit paul

Saterasna..
05/04/2013

Balagonjakan

Ngadaharan Batu

Harita teh tas ti Bandung ka Majalaya keun, numpak mobil beus Pancasila. Taun genep puluhan mah masih keneh aya Beus nu ngaranna Pancasila kagungan Pa Uca almarhum. Ari ngarendeng jeung aki-aki teu uyahan sajajalan ngan udud padudan we, teu nempo sakitu nu deukeut baratuk teh.
Si aki nepak kana taktak kuring bari nyarita : "Tuh jang , engke mah gunung batu teh bakal lenglang di daharan ku manusa." Cenah bari curukna nunjuk ka pasir lebang suku gunung Bukitculah diwewengkon Ciparay.

Saterasna..
05/04/2013

Lalayang