image

SundaMaya.org

Badan Musyawarah Masyarakat Sunda Propinsi Jawa Barat

07/06/2012

Cadas Pangeran Baheula

PARA korban pangwangunan Jalan Raya Daéndéls di wewengkon Cadaspangéran ngangluh duméh maranéhna asa teu diajénan jeung asa teu diurus. TEPIKEUN  ka taun 1950-an mah, sakur kandaraan anu ngaliwat ka Cadaspangéran sok ngalungkeun rampé atawa seuseungitan, atawa duit jeung rook, teuing naon maksudna. Ngan ceuk Aki Sasmita urang Ciséda mah, lamun tas ngalungan, panumpang anu lalar-liwat di Cadaspangéran téh haténa sok ngarasa reugreug.

“Sabab harita, samangsa jalan Cadaspangéran  jembet kénéh ku kakayon, bangsa lelembut di éta tempat remen némbongan, matak reuwas nu ngaliwat,” ceuk Aki Sasmita. Jaman harita, sababaraha kali kandaraan tigorobas murag kana jungkrang, tur supir ngaku saméméhna mireungeuh anu meuntasan jalan. Mun teu kitu, supir sok ngarasa, jalan téh lempeng ngabulungbung, padahal sabenerna nikung.

Ari urang Ciséda séjénna, nyaéta hiji lembur leutik, handapeun jungkrang, make aya anu ngimpi kadatangan  ku korban proyék jalan Cadaspangéran. Cenah para korban pangwangunan jalan Cadaspangéran jamanna Gupernur Jénderal Daéndéls téh asa teu diajénan, dipopohokeun ku jalma jaman kiwari.

“Padahal maranéhna téh sasat jaradi korban pangwangunan. Ari ayeuna nu lalar-liwat téh saeutik gé teu inget ka kami,” ceuk  salah sahiji korban dina impian uirang Ciséda téh.

Tina hasil obrolan jeung urang Ciséda, , mun jaman dipulangkeun deui kana 196 taun kaliwat ( ieu artikel medal dfina Majalah Ujung Galuh No.4 Taun 2006), bréh baé kagambar pangalaman jeung suka-duka rayat Sumedang dina babakti nyieun proyék jalan di Cadaspangéran antara taun 1808-1811.

Ari nu nyieun jalan téh,mémang tanaga kasarna mah bangsa pribumi. Jalan raya anu dijieun sapanjang 1000 km ti Anyer (Banten) tepika Panarukan (Banyuwangi) téh, geus ditebus ku késang jeung getih bangsa pribumi anu harita keur dijajah ku Belanda.

“Mung anu pangseueurna korban jiwa mah nyaéta rahayat Sumedang anu mantuan nyieun jalan di palebah Cadaspangéran kiwari,” ceuk Aki Sasmita.

Ukur ku jalma jaman ayeuna katelahna Cadaspangéran téh sabab ari baheula jaman keur ditugar mahkatelahna Leuweung Geumbeut.

“Disebut Cadaspangéran mah béh dieu, nyaéta keur  ngajénan Pangéran Kornél, Dalem Sumedang anu mingpin éta proyék,” ceuk Aki Sasmita.

Kawas anu geus dipedar dina sajarah, disebut Cadaspangéran téh sanggeus aya pangbéla ti Pangéran Kornél ka para pagawé nu mantuan proyék jalan.

Di palebah Leuweung Geumbeut mah, kaayaan téh kacida hara-haraeun. Pagawé kudu meulah cadas anu teuas jeung nangtawing, mangkaning ari alat-alat kacida basajanna. Ari urang Belanda anu nitahna jiga anu teu hayang nyaho kasusah rayat.

Pangéran Kornél ngarasa tugenah ku polah Belanda. Ceuk catetan sajarah, basa Daéndéls ngaroris Leuweung Geumbeut, tur ngajak sasalaman, ku Pangéran Kornél ditampanan ku leungeun kénca, ari leungeun katuhu nyekel keris. Sakurang-kurangna kitu ceuk catetan sajarah malah parat jadi legenda anu kasohor di Sumedang.

Sohor sotéh Bupati Sumedang, da ari rahayatna mah ukur jaradi “pahlawan tak dikenal”. Aya kurang-leuwih 200 korban tiwas, boh ku panyakit, boh ku kalaparan, boh ku disiksa Belanda. Aya anu jasadna dibawa ka lemburna, aya anu langsung dikurebkeun di sisi jungkrang jeung lolobana mah,diantep kitu baé, nyaéta anu maot tigorobas ka handapeun jungkrang.  ( Tina lalakon Simedang di sarungsumku fauzisalaka)

Karajaan Galuh (III)

Indraprahasta Ngarojong Galuh

Purbasora geus hasil nyingkirkeun Sena kulantaran make pasukan Indrapahasta. Ku urang geus kanyahoan, yen Maharaja Wisnuwarman, raja Tarumanagara ka 4, ngaganti pasukan bhayangkarana ku pasukan ti Indraprahasta, nu gede wawanen, ulet, satia, tur maher ngagunakeun panah. Indraprahasta teh ayana di wewengkon Cirebon Girang, nu diadegkeun ku Maharesi Santanu, nu asalna ti wewengkon Gangga—India, taun 363 M. Maharesi Santanu kabur ti nagarana, dibeberik ku pasukan Samudragupta.

Saterasna..

Ngirit Energi

Ku, Rahmat Afandi

Presiden RI Susilo Bambang Yudhoyono, kungsi umajak ka sakumna rahayat pangeusi nagri, yen sarerea kudu caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket,sabab di luaran haga minyak nerekel, geus nincak 120 US Dolar/barelna. Jadi wayahna cenah, urang Ceuk nu palinter tur arapal mah, energy teh lain ngan ukur bahan bakar wungkul, lain listrik, atawa tanaga cai, angin, atom, nuklir, geothermal, atawa thermonuklir wungkul. Ari nu kaasup energy teh cenah oge, sumberdaya-manusa. Panalekna, naha sumberdaya manusa, milu kakuras, atawa boros? Data ngeunaan ieu hal,... Saterasna..

Kujang Gagaman Piandel

Ku: Hj. Titien Gilang Hadi

Kujang teh lain ngan saukur pakakas pikeun perang tapi oge pikeun tatanen, pangarak jeung pusaka. Pakarang Sunda nu jadi ciri kasundaan teh rupa-rupa wangun jeung ukuranana. Pikeun neuleuman ngeunaan naon jeung kumaha nyieun kujang, ieu tulisan disusun, sakalian nyumponan pamenta ti pamaca di mancanagara. Sumangga nyanggakeun.
Ieu tulisan, nyumponan pameredih ti nu maca anu aya di mancanagara, anu kungsi nanyakeun asal usulna sebutan Kudyang anu kiwari kawentar disebut Kujang. Urang Sunda pasti kana reueusna mibanda kujang teh.... Saterasna..

Hargadiri Nu Leungit

Kiwari keur meujeuhna rame dipadungdengkeun, pada nyawalakeun masalah susu. Tapi lain susu nu ngahudang birahi, ieu mah caina, cisusu-Ibu, jeung cisusu sapi. Nu disawalakeun lain, hakekat cisusu insani jeung cisusu hewani, tapi geus langsung kana hargadiri manusa. Hargadiri, atawa ajendiri,ceuk nu palinter, nya eta moral tanpa bursa, atawa hargadiri teh meunang ditukeurkeun ku pertimbangan nu lain wae vulgar, tapi sarakah, hese ngangarananana, naha manusa teh palaku modrnisasi, atawa budak modernisasi. Nepi ka aya orok ngobrol jeung pedet (anak sapi).

Saterasna..

Kongres Pamuda Sunda, "Eunteung Beureum" Nu Jadi Marga

Ku : Maman Gantra

Kénging Édi S. Ékajati
Teungteuingeun eunteung beureum,
Keretas daluang Cina
Teungteuingeun deungeun-deungeun,
Neken téh kabina-bina

Paneungteuinganan deungeun dina dasawarsa 1950-an anu jadi kasangtukang diayakeunana Kongrés Pamuda Sunda téh. Mimitina muncul isu pulitik "non" jeung "co". Urang Sunda dituduh "co", gawé bareng jeung Walanda dina mangsa revolusi kamerdekaan taun 1945-1949. Hartina dituding hianat kana perjoangan.

Saterasna..

Kang Idik Sulaeman

Anggota 3 zaman: Pandu, Pramuka jeung Padi

Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG

Idik Sulaeman mindeng milu Kursus Pelatih Pembina boh di Bandung, Jakarta, Bangkok jeung New Zealand. Sanggeus jadi Pelatih Pembina, inyana meunang pancen mere ceramah dina kursus di ibukota Provinsi ti mimiti Aceh nepi ka Irian Jaya. Inyana oge kungsi mawa kontingen pramuka ka Jambore Internasional di Amerika Serikat jeung Jepang. Malahan kungsi ngajarkeun kapramukaan di sakola-sakola boh di Tokyo, Bangkok jeung Saudi Arabia.
Kang Idik Sulaeman Kakwarcab Kota Bandung manten... Saterasna..

Kota Garut

Garut nu kiwari jadi salah sahiji kabupatén di Provinsi Jawa Barat, boga sajarah anu panjang. Awalna ieu wewengkon teh kabawa ka Kabupatén Limbangan, tuluy jadi Limbangan – Garut, sarta ahirna jadi Kabupatén Garut.
Daérah Kabupatén Garut nu ayeuna téh gabungan ti sawatara wewengkon anu tadina kabawa ka kabupatén séjén. Sawaréh di antarana tilas Kabupatén Balubur Limbangan anu ngawengku Limbangan, Wanakerta (Cibatu), Wanaraja, Suci (Garut), jeung Panémbong (Bayongbong).... Saterasna..

Seni & Kaulinan

Sajak - Sajak Djalaludin Rumi (672 H-1273 H)

HURUNGNA CINTA

“Dengekeun suling nu ngageuri,
Salawasna ngagelik, saprak didudut
Tina kebon nu pinuh jukut, hiji aleuan
Nyeri jeung cinta nu hurung
Lagu kuring, beuki eces,
Taya saurang nu ngadenge.

Emh, bagja temen mun sobat ngarti isyarat
Tur ngadumaniskeun jiwana jeung jiwa kuring
Tah ieu hurungna cinta nu ngaduruk,
Ieu anggur cinta nu nimbulkeun gairah
Naha daek anjeun ngadengekeun kumaha raheutna hate,
Dengekeun, dengekeun, sora ieu suling.

Saterasna..
05/04/2013

Balagonjakan

Wajib Militer

Waktu nagara dina kaayaan bancang pakewuh diayakeun Wamil ti satiap paguron luhur, kabeneran Ebod jadi salah saurang anu kapilih pikeun asup Wamil, padahal manehna sorangan teu purun jadi tentara teh,manehna neangan alesan sangkan teu katarima jadi Wamil.

Saterasna..
05/04/2013

Lalayang