image

SundaMaya.org

Badan Musyawarah Masyarakat Sunda Propinsi Jawa Barat

05/04/2013

Marongge

Ku: Didi Supriadi

Marongge salah sahiji desa di Kacamatan Tomo, Kabupaten Sumedang nu geus kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria ku ngaran elmu asihan si Kukuh Mudik. Di eta tempat aya tilu makam, nyaeta nu katelah makam embah Naibah, embah Sedayu jeung embah Nasibah.

Sakumaha ilaharna makam karamat di mana wae seueur nu ngajugjug ku jalma anu ngadon jiarah, nya kitu deui ka Marongge, di jugjug ku para penjiarah dibarengan saribu macem kahayang, ceuk bohongna mah. Timimiti hayang naek pangkat nepi ka ngarah di gampangkeun ngalap rezki, tapi aya leuwihna ti karamat marongge, ku pangaweruh peletna atawa pamikat sukma, pelet nyatea salah sahiji elmu pamikat sing saha bae nu ka peutik ati ka gembang asmara ku wanoja atawa nonoman nu sieun ku panolakan bisa datang ka ieu karamat kitu cenah “nurutkeun saur salah saurang warga desa marongge”.

Ieu pangalaman salah sahiji warga ; pelet Marongge bisa ngalancarkeun jodo, atawa ngarubah “panampilan” jadi leuwih aduhai.Tong boro ka parawan atawa bujang, dalah ka nu geus boga salaki atawa pamajikan mun geus beunang ku ieu pelet ngadadak poho kana purwadaksina. Nu matak ngawanti-wanti ulah lalawora kana pelet marongge mah.

Ku sabab kitu teu aneh mun karamat Marongge dina malem Jum’at kaliwon sok rea nu daratang ka ieu tempat,ngiringan “ ritual” nu di pingpin ku juru kuncen, di waktu nu di tangtukeun nu jiarah sok di penta ngajajar di tanggul Cilutung nu teu jauh ti makam karamat. Terus di penta sina marandi jeung sidengdang di sisi walungan bari maca ajian-ajian nu di bikeun ku eta juru kuncen.

Acara ritual di pungkas ku miceun baju jeroan nu di anggap miceun kasial, teu seutik oge nu menang jodo di eta tempat mun kebeneran, rereana nu datang kadinya mawa kanyeri jeung ka peurih ati kulantaran di tolak cintana. Lantaran di percaya pisan kana mitos yen pelet Marongge teh matih, jadi tong heran mun loba ka datangan ku awewe tukang ngajual diri (psk).

Carita waktu sababaraha taun katukang ngenaan elmu pelet Marongge, di wewengkon eta desa hirup tilu wanoja nyaeta nyai Naibah, Sedayu jeung nyai Nasibah. E ta tilu wanoja jadi kembangna desa, loba raja-raja, jeung para menak nu daratang seja ngalamar pikeun di jadi keun pipamajikan atawa selir. Tapi anehna, sok sanajan loba menak atawa raja nu mikahayang, eta tilu wanoja weleh teu kapetik atina ka gembang asmara sok sanajan ku pangkat menak atawa raja. Kusabab kitu ngajadikeun panasaran keur para raja-raja atawa menak-menak nu mika hayang ka eta tilu wanoja.

Kusabab loba nu panasaran , loba anu mikahayang,ahirna tilu wanoja ngayakeun saembara " Sing saha bae jelamana nu bisa matek waluh nu di palidkeun di Cimanuk ku elmu pangaweruhna ,bakal di jadikeun pisalakieun tilu wanoja” Saembara anu diayakeun ku tilu wanoja jadi rea anu katarik ngilu asup makalangan , kitu deui menak jeung raja-raja nu ngilu asup ngadaftarkeun jadi patandang pikeun ngiluan eta saembara . Tapi nya kitu, di prakna, hampir kabeh menak jeung raja-raja anu milu, taya nu nyangga pulia ,hiji oge teu bisa matek deui eta waluh nu di palidkeun ku eta tilu wanoja. Malahan nepi ka kaluar basa nu teu geunah kana hate patandang-patandang : " Ngan sakitu pangawasa aranjeun, nya kumaha rek nyalindung diri kuring tiluan mun waluh nu di palidakeun oge teu bisa di batek deui' Kitu babasaan eta tilu wanoja ka para menak jeung raja anu milu tandang.

Kusabab saembara eweuh nu punjul , tilu wanoja ngacungkeun leungena kahareup, tilu waluh baralik deui nangtang cai nu datang ti girang nepi ka waluh datang deui kana leungeunna sewang-sewangan. Tah tiharita ayana kecap asihan si Kukuh Mudik (pelet Marongge). Ceuk beja mun hiji jalma di tolak katresna terus manehna ngulik eta elmu pelet ,bakal malik nu tadina teu suka jadi cinta.Cag

Kitab Sunda

Ku: Aan Merdeka Permana

Dua Kitab Karatuan ti Sunda Ngalahirkeun Pamingpin Nusantara

HENTEU kabéh nyaho, kaasup sabagéan gedé kalangan sejarahwan, yén di tanah Sunda kungsi lahir kitab-kitab istiméwa anu ngalantarankeun raja-raja Jawa Dwipa nyongcolang jeung kakoncara sa Asia Tenggara. Salah sahijina nyaéta Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu, kitab anu eusina taktik tempur kamilitéran.

Saterasna..

Bandros Mang Deri

Mun pareng ka Kantor Pos Bandung, beulah kulon aya hiji nudagang Bandros nu geus aya taunna di eta tempat. Malah Bandrosna teh kajojo lain wae dibeulian ku tukang parkir, tukang Koran wae tapi rea anu turun tina mobil ngahaja meuli Bandros mang Deri. Mun ditanya salah saurang ibu anu katempona jelema “aya” ngajawabna ; Banros mang Deri mah asli tara dicampuran ku tipung tarigu. Cenah.

Saterasna..

Dosen Darman

Carpon, Japar Sidik

Papanggih jeung manéhna téh aya meureun dua atawa tilu taun nu kaliwat,mun teu salah mah basa balik rek lebaran haji.Papanggih teu dihaja, basa kuring meuli pulsa, kabeneran nu boga conter pulsa téh horéng manéhna.Lantaran geus lila teu panggih atuh nu tadina ngan ukur rék meuli pulsa téh jadi lila kapegat ku ngobrol heula. Cenah basa lésot gawéti Jakarta manéhna tuluy balik ka lembur, nya muka conter pulsa, da geus bosen gawé di batur.

Saterasna..

Benteng

Ngagelarna rasa nu ajeg, tina tangtungan maneuh ,lebah tatapakan pangapungan, lir eunteung nu ngalelewe. Sanajan mun mapay ka puhu, enya bibit-buitna tina katangtuan “Decklarations of Human Right”, tapi apan ngagetrakna rasa mah teu leupas tina pangarauh kaayaan jeung lingkungan. Boh lingkungan alam, fisik, atawa psichys nepi ka supernatural. Naon wae nu diasongkeun, nu dipidangkeun, anger nyoko kana kanyataan mimesis. Da mustahil aya tapak tanpa lacak, sanajan bisa wae disebut inovasi atawa kreasi anyar. Teu bina cara pagedrugna katangtuan hukum jeung aparat... Saterasna..

Partey Politik Jeung Kabudayaan

Ku, Karno Kartadibrata

Taun 1950-60-an,partey pulitik kaitung sumanget milu aktip dina kabudayaan. Upamana wae, nu sohor Partey Komunis Indonesia (PKI) geuning sakitu sumangetna ancrub dina widang kabudayaan,di antarana rajin pisan ngajak para seniman supaya milu ancrub ngagabung ka partey. Toto Sudarto Bachtiar almarhum, panyajak nasional,kungsi nyaritakeun pangalamanana ka kuring. Cenah harita teh keur jongjon leumpang di jalan. Bet aya sedang ngaliwat, reg eureun hareupeun.Pantona muka,jrut saurang lalaki turun,nyampeurkeun, tuluy gapyak ngajak ngobrol. Sihoreng... Saterasna..

Ali Sadikin

Ku Djodi Prihatna, A.Md-MG

Gubernur manten DKI Jakarta anu dilandi Bang Ali pupus dina yuswa 82 taun. Salasa tanggal 20 Mei 2008 tabuh 17.30 di RS Gleneagle, Singapur, Letjen TNI KKO-AL (Purn) teh pupus sanggeus dirawat salila sabulan. Jasadna dipulangkeun ka Jakarta poe Rebo tabuh 7 waktu Singapur. Putrana, Boy Benardi Sadikin, nyarita yen jasad ramana rek dikurebkeun di TMP Umum Tanah Kusir, Jakarta, luyu jeung wasiat yen janasahna kudu ditumpangkeun luhureun makam istrina, Nani Sadikin. Cara ngamakamkeun kitu teh nurutkeun gagasan Bang Ali ku anjeun waktu mingpin... Saterasna..

Pamijahan - Cipatujah

Antara guha nu kebek ku haseup jeung basisir sepi

Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG

Pamijahan kaasup cagar budaya anu sakuduna dipulasara ku pamarentah. Tapi anu mulasara teh ngan kulawarga jeung katurunan Syeh Abdul Muhyi katut rahayat di dinya. Henteu katangen ayana patugas boh ti Disbudpar atawa wilayah dinya. Kitu deui di Cipatujah. Tempatna sepi, lain basisir anu rame kawas Pangandaran. Sepi hasil bumi, taya supenir nu bisa dibeuli. Anu aya ngan pamandangan sepi ka tungtung alak paul.

Saterasna..

Seni & Kaulinan

Sajak & Puisi

Ku Djodi Prihatna

M a n e h n a
(hiji carita ka babaturan nu saihwan)

duh ku manis imutna
leleb anteb, nurih ati nu ningali
ku panjang teuing rambutna
ngagebay diuntun simpay
sorotna netra nu dua
ngaragragkeun iman sakur nu micinta

kuring yakin yen hamo aya tandingna
di dunya anu sakieu legana
ngan manehna, taya deui ngan manehna
jungjunan pangemat brangta

Kota Kembang, awal taun 1968

Saterasna..
05/04/2013

Balagonjakan

Murag Sorangan

Jang Dodo teh bujang lapuk ,kalakunana rada bangor ka awewe dagangan , ayeuna tamiang malik ka bitis,manehna katerap panyakit kotor.
Tisababaraha urang Dokter ahli anu didatangan hasilna tetep bobogaana kudu di teukteuk.... sanajan geus tatamba nepikeun luar nagri tapi nasib sial teu weleh nuturkeun,keukeuh secara medis mah hasilna kudu di amputasi alias teukteuk wae .Tapi jang Dodo teu pasrah kitu wae... manehna ngamimitian deui tatamba, ayeuna mah ka Sinshe anu pangmashurna ngahaja didatangkeun ti nagri China.

Saterasna..
18/06/2012

Lalayang