image

SundaMaya.org

Badan Musyawarah Masyarakat Sunda Propinsi Jawa Barat

05/04/2013

Roko

Ku: Wahyudin - Batam

Saha nu teu apal kana barang anu panjangna kira kira 8 senti disundut geus kitu disedot haseupna, bari terus ditiupkeun deui,haseup bijil deui tina sela sela biwir anu hideung jeung tina liang irung.Matak sesek lamun kabeneran anu aya disabuderen nu ngaroko teh boga panyakit asma,tapi memang tukang ngaroko mah kurang rasa kasopanana ,komo deui lamun pas anu ngaroko teh di jero angkutan umum,kacida pisan taya ajen diri tukang ngaroko teh,bisa bisa saangkot ngadoakeun goreng kamanehna.

Di imah para salaki ngaroko, disakola murid ngaroko bari susulumputan da sieun kapanggih ku guru,atuh dikampus dosen sabari ngajar teh ngaroko oge,di WC bari nongkrong jelema ngaroko,olahraga sponsorna teu jauh iwal tinu jualan rook,jadi teu salah lamun aya pemain persib sanggeus maen terus ngaroko,dokter oge lamun teu keur praktek mah loba nu ngaroko, atuh teu katinggaleun sanajan geus katelah jadi kyai oge roko mah tara tinggal,padahal lamun ceramah teh biasana pake biwir (omongan),nya lamun di runut kadinya mah kumaha da’wahna bisa ditarima ku umat padahal alat da’wahna diasupan barang barang anu goreng(punteun bilih aya kyai atanapi ustadz maca ieu tulisan simkuring).

Roko kabuktikeun ngandung sababaraha jenis bahan kimia anu bahaya, diantarana nyaeta nikotin. Nurutkeun pakar atawa ahli kimia, geus jelas buktina nyaeta nikotin anu aya di jero lenjeran roko atawa dina daun bako teh sajenis kimia nu bisa nimbulkeun mabok anu diistilahkeun candu.

Dina syariat agama, satiap anu nimbulkeun mabok saumpamana didahar, diinum, diisep atawa disuntikeun ka jelema mangka ieu di katagorikeun kana candu atawa khamar kusabab hartina atawa istilah candu nyaeta hiji bahan anu geus dikenal pasti bisa nimbulkeun mabok atawa ngandung elemen anu bisa ngamabokkeun. Dina ngamilah milah hukum candu (khamar) atawa bahan anu ngamabokeun, jumhur ulama fikih anu pageuh nyekel kana syariat (al-Quran jeung al- Hadits) mufakat ngahukumman atawa matwakeun barang eta "Haram keur didahar atawa diinum malah wajib dijauhan atawa ditinggalkeun". Pangharaman ieu teh jelas nyandar kana panduan hujah-hujah atawa nas-nas tina syara sakumaha "Satiap anu ngamabokkeun eta haram" H/R Muslim.

Hadits ieu jelas negeskeun yen satiap naon wae anu nimbulkeun mabok teh dihukum haram. Kalimah"satiap" anu mere maksud kana kaumuman, sakabeh jenis barang atawa naon wae anu nimbulkeun mabok haram hukumna. Hadits ieu dikuatkeun deui ku hadits di handap ieu : "Satiap salah sahiji barang anu nimbulkeun mabok mangka barang eta haram". H/R al-Bukhari, Muslim jeung Abu Daud.

Hadits di luhur ieu geus nerangkeun sacara eces pisan yen satiap naon wae anu bisa nimbulkeun mabok dihukuman haram. Dina hadits ieu oge Nabi Muhammad s.a.w ngagunakeun kalimah nyaeta "Satiap naon wae", naha nu cair, padet, tipung (serbuk) atawa gas.

Mungkin aya anu nolak kanyataan atawa nas di luhur ieu kusabab boga alesan atawa nyangka yen roko eta hukumna ngan makruh, lain haram sabab rokok teu ngamabokkeunn. Mungkin oge loba anu nyangka roko teu ngandung candu jeung lamun aya oge kandungan candu dina jero roko ngan saeutik. Kitu oge ku alesan anu liana , "ngisep sabatang rokok teu karasa ngamabokkeun langsung". Tapi, lamun eta alesan atawa sangkaan seperti kitu bisa dianggeuskeun ku patokan kana hadits di ieu: "Naon wae anu dina lobana nimbulkeun mabok,mangka dina saeutikna oge haram". H/R Ahmad, Abu Daud dan Ibn Majah.

Lamun wae nginum sagelas arak (khamar) hukumna haram sabab ieu barang nimbulkeun mabok, mangka tetep wae satetes arak(khamar) oge hukum pangharamanana sarua jeung sagelas arak. Kitu oge jeung saketul candu atawa sabungkus tipung narkotik anu dihukuman haram. Saketul candu atawa saciwiit narkotik oge geus mufakat sakabeh ulama Islam ku mutuskeun hukumna keur barang anu dihukuman haram keur didahar, diinum, diisep (disedot) atawa disuntik kana awak manusa lamun taya sabab anu tangtu saperti darurat keur parawatan anu maksakeun kudu make eta barang . Nya kitu oge hukum candu anu aya dina jero sabatang roko, najan saeutik tetep haram sabab diisep tanpa aya sabab-sabab anu maksa jeung kapaksa .

Dina hadits sahih anu diriwayatkeun ku Imam Muslim, Nabi Muhammad s.a.w geus ngategorikeun satiap nu nimbulkeun mabok sarua hukumna jeung hukum khamar. Saurang muslim anu bener-bener iman kana karasulan Nabi Muhammad s.a.w tangtu yakin yen taya saurang oge anu bisa nagtukeun hukum halal atawa haram salah sahiji barang ngan Allah jeung RasulNa wungkul. Heunteu saurang oge boga hak atawa dibere kakawasaan keur ngarubah hukum anu geus ditetepkeun ku Allah ngaliwatan Nabi jeung rasulna sabab perbuatan ieu bisa mawa kana syirik. Hadits anu ngategorikeun satiap anu nimbulkeun mabok disebut khamar sakumaha anu dimaksudkeun : "Satiap anu nimbulkeun mabok nyeta khamar jeung satiap (anu dikategorikeunn) khamar eta haram". H/R Muslim.

Dina perkara ieu aya nu ngomong yen roko teh teu sarua jeung khamar . Maranehna boga alesan roko atawa bako eta jenis sejen jeung khamar oge jenis sejen teu sarua jeng roko . Memang rokok jeung khamar teu sarua dina ejaan jeung rupana, tapi hukum tina asal bahan anu nimbulkeun mabok di jero kadua duana (roko jeung khamar) heunteu beda.Rek saeutik atawa loba kandungan anu aya dijerona , anu jadi bahasan hukum nyaeta barangna anu nimbulkeun mabok , nya dina jenis cair, padet, tipung atawa gas lamun nyata nimbulkeun mabok sanajan loba atawa saeutik tetep hukumna sarua haram.

Dina hadits anu lain, Nabi Muhammad s.a.w ngabarkan yen aya dikalangan umatna anu bakal nyalah gunakeun barang barang anu nimbulkeun mabok ku jalan nuker ngaran jeun istilahna keur ngahalalkeun panggunaan barang barang eta: "Pasti bakal kajadian di kalangan manusa-manusa ti umat kaula, nginum (nginum/isep/sedot/suntik) khamar terus maranehna nyieun ngaran ku ngaran anu lain". H/R Ahmad dan Abu Daud.

Saurang muslim anu bener bener iman jeung ikhlas dina agama ,tangtuna moal loba persoalan atawa alesan bakal taat kana kabeh nas-nas al-Quran jeung al-hadits anu nyata jeung eces di luhur. Jalma jalma anu iman bakal ngomong ku sora hate anu ikhlas, ngalafazkeun ikrar jeung ngedalkeun omongan bakal ngalaksanakeun firman Allah anu aya dina al-Quran : "Kami bakal ngadenge jeung taat ". Heunteu maranehna rek nyonto kaurang yahudi anu dilaknat sabab urang-urang Yahudi eta lamun diajukeun ayat-ayat Allah ka maranehna mangka maranehna bakal nentang jeung ngomong : "Kami ngadenge tapi kami ngabantah".

Sakumaha conto iman saurang Muslim anu sajati nyaeta kajadian anu ngisahkeun sahabat anu terus terusan mahekeun gelas sesa sesa khamar tanpa aya protes atawa tunya tanya dina waktu turunna parentah Alquran ngenaan pangharaman khamar. Ngan iman anu mantep anu bisa ngadorong saurang mukmin sajati bisa taat kana sagala parentah jeung larangan Allah anu ngajangjikeun kasalametan dunya jeung di akherat.

Nabi Muhammad s.a.w geus ngajentrekeun dina hadits haditsna di luhur yen satiap anu bisa nimbulkeun mabok lamun didahar ,diinum atawa digunakeun (tanpa aya sabab kaperluan anu kapaksa), mangka ieu dihukuman barang haram jeung dianggap sajenis jeung khamar. Nyedot nikotin anu aya dina rokok lain wajib atawa kapaksa dilakukeun kulantaran samisal sabab rawatan medis atawa sajabana.Sabalikna,nyedot roko teh dimimitian kusabab tabiat hayang nyoba nyoba anu akhirna jadi kacanduan anu maksa si palakuna nurutkeun hawa nafsuna. Sacara teu sadar manehna geus meuli panyakit jeung nambah masalah,ngondang maot jeung sacara teu langsung manehna geus ngalakukeun kadholiman kana awakna sorangan dilain eta oge geus ngamalkeun amalan anu sia sia (mubadzir) padahal sacara syariat hal eta teh kaasup haram.

Narkotik (bahan anu nimbulkeun mabok) geus disaruakeun hukumna jeung khamar ku Nabi Muhammad s.a.w disababkeun kadua-dua barang ieu bisa mere kesan mabok jeung kacanduan ka palakuna. Ngaliwatan kaedah (cara pangharaman) anu di cokot tina hadits Nabi di luhur, bisa dijadikeun kasimpulan yen nikotin anu aya dina roko sarua hukumna jeung khamar jeung sakabeh jenis narkotik anu laina.

Kasimpulanna, rokok atawa bako geus kabuktian ngandung nikotin anu sabenerna haram disababkeun nikotin teh sajenis narkotik anu bisa mawa kesan mabok lamun dipake ku manusa. Malahan narkotik ieu bakal jadi leuwih cilaka sanggeus ngaganggu kasehatan si pamake sahingga bisa ngakibatkeun maot.Rokok pastina nambah racun (toksin) anu ngumpul dijero awak sahingga nyababkeun sel-sel dina jero awak bakal ngalaman karuksakan,ngaganggu kana fungsi anu alus jeung ngabuka kana serangan kuman atawa virus .

Dina al-Quran oge aya amaran ti Allah jeung RasulNa:
"Ti Abu Musa ngadawuh : Ngandika Rasulullah saw : Tilu jelema teu bisa asup syurga. Tukang nginum khamar, jelema anu ngabenerkeun sihir jeung anu mutuskeun silaturrahmi". H/R Ahmad jeung ibn Hibban.
"Maranehna nanya ka anjeun dina masalah khamar jeung perjudian,omongkeun yen dina kaduana aya dosa anu gede". Al Baqarah:219.
"Hei jelema anu iman yen sabenerna khamar , judi, (korban keur) berhala jeung tenung eta perbuatan keji kaasup perbuatan syaitan, kusabab eta tinggalkeun ku maraneh mudah mudahan maraneh menag kajayaan". Al Maidah:90.

Hadits di luhur Nabi Muhammad s.a.w geus ngabarkeun yen tukang nginum khamar moal asup syurga jeung dina ayat di luhur Allah ngatagorikeun khamar sajajar jeung berhala oge tenung kaasup perbuatan keji (kotor) anu wajib dijauhan ku akal sehat. Perbuatan anu kotor, keji heunteu lain ngan perbuatan syaitan anu resep nyien kamungkaran sakumaha amaran Allah saterusna anu nekenkeun yen: "Sabenerna syaitan teh rek nimbulkeun permusuhan jeung kabencian di antara maraneh ku lantaran khamar jeung judi eta jeung ngahalangan maraneh tina nginget Allah jeung sholat. Naha maraneh moal eureun?". Al Maidah:91.

Nya kualatan kitu Allah marentahkeun supaya eureun tina eta perbuatan ku parentah anu seket: "Naha maraneh moal eureun?"

Saurang mukmin anu ikhlas tangtuna nyambut kana eta parentah sakumaha Umar r.a dina waktu ngadenge ayat eta: "Abdi sadaya eureun , Ya Rabbanaa , Abdi sadaya eureun , Ya Rabbanaa".

Utsman bin 'Affan r.a oge geus wasiat ngenaan barang barang anu nimbulkeun mabok kaasup khamar. Sakumaha wasiat ajeuna: "Jauhkeun diri maraneh tina khamar, sabenerna khamar eta biangna sagala karuksakan(kakejian/kajahatan)". : Tafsir Ibn Kathir Jld.2, M/S. 97.

Aya anu nyangka yen roko anu jelas jelas sataraf klasifikasina jeung khamar bisa dijadikeun obat keur ngurangan rasa stres ,bosen atawa tunduh. Sabenerna rokok can pernah dibuktikeun kaasup kana penawar atawa bisa dikatagorikeun obat sabab satiap barang haram utamana lamun dibuktikeun ngandung bahan anu bisa nimbulkeun mabok moal jadi obat tapi sabalikna sakumaha hadits Nabi s.a.w: "Geus ngadawuh Ibn Masoud ngenaan barang barang anu nimbulkeun mabok: Sabenerna Allah moal ngajadikeun obat keur maraneh tina barang anu ku Anjeuna geus diharamkeun keur maraneh". H/R al-Bukhari.
"Geus ngadawuh Waail bin Hujr : Yen Tareq bin Suwid pernah nanya ka Nabi s.a.w ngenaan khamar (maksudna keur pangobatan), mangka Nabi ngandika. : Sabenerna khamar eta lain obat tapi panyakit ". H/R Muslim dan Turmizi. Allohu a’lam.

Makuta Hayam Wuruk di Majalaya

Naha Enya Makuta Hayam Wuruk Kapanggih di Majalaya?

Ku : Aan Merdeka Permana

NU écés, ti wewengkon Majalaya mémang geus kapanggih hiji makuta raja. Sawatara urang dinya nyangka,éta téh makuta Prabu Hayam Wuruk sawaktu ngadatangan (tur maot) di wewengkon Majalaya. Kapanggih gambar galudra anu jadi lambang Majapahit. ANYAR-ANYAR ieu di wewengkon Majalaya, Kabupatén Bandung kapanggih artéfak sejarah, mangrupa makuta. Ari kapanggihna téh di lelewek lembur Leuwidulang, Désa Sukamaju. Di kompléks SMA... Saterasna..

Ngirit Energi

Ku, Rahmat Afandi

Presiden RI Susilo Bambang Yudhoyono, kungsi umajak ka sakumna rahayat pangeusi nagri, yen sarerea kudu caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket,sabab di luaran haga minyak nerekel, geus nincak 120 US Dolar/barelna. Jadi wayahna cenah, urang Ceuk nu palinter tur arapal mah, energy teh lain ngan ukur bahan bakar wungkul, lain listrik, atawa tanaga cai, angin, atom, nuklir, geothermal, atawa thermonuklir wungkul. Ari nu kaasup energy teh cenah oge, sumberdaya-manusa. Panalekna, naha sumberdaya manusa, milu kakuras, atawa boros? Data ngeunaan ieu hal,... Saterasna..

Ngobrol Jeung Bulan

Ku: Lies Tjandra Kancana

PEUTING harita hate kuring keur kacida nalangsana, Guligah teu bisa sare, Dipaksakeun peureum oge teu bisa. Hate ngarancabang kamana-mana, nyoreang katukang, basa kuring panggih jeung maneha. Inget tara poho pok-pokanan dina Hape kuring pokna :
"Dra, Mun tiasa Akang hoyong pendak, Hate bet kumejot hoyong paamprok, Dina raray Dra as hiji raray nu Akang geus lila wawuh duka dimana "
Kuring ngjawab "Kang abdi mah teu gaduh kaistimeaan, potret jaman ayaeun mah nu goreng tias janten geulis. Abdi katingal geulis teh dina potret, da aslina... Saterasna..

Al Qur'an Mu'jizat Nu Langgeng Ka Nabi Muhammad SAW

Ku: Hj. Imas Kurniasih, M.Ag-MG

Allah SWT ngutus pirang-pirang nabi biasana dibarengan ku mu’jizat, nya eta kaahengan-kaahengan nu luar biasa nu teu beunang ditiru ku nu lian. Maksudna pikeun nguatan kanabianana, sangkan ummatna ulah deuk mangmang saeutik ge enggoning nuturkeun ajaranana. Sacara harfiah kecap “mu’jizat” nya eta hiji kaahengan nu dipaparin ku Allah SWT ka salasaurang nabi, anu bisa ngapeskeun musuh, sarta hamo aya nu bisa nurutan, nyaruaan atawa ngalawanan.

Saterasna..

Kongres Pamuda Sunda, "Eunteung Beureum" Nu Jadi Marga

Ku : Maman Gantra

Kénging Édi S. Ékajati
Teungteuingeun eunteung beureum,
Keretas daluang Cina
Teungteuingeun deungeun-deungeun,
Neken téh kabina-bina

Paneungteuinganan deungeun dina dasawarsa 1950-an anu jadi kasangtukang diayakeunana Kongrés Pamuda Sunda téh. Mimitina muncul isu pulitik "non" jeung "co". Urang Sunda dituduh "co", gawé bareng jeung Walanda dina mangsa revolusi kamerdekaan taun 1945-1949. Hartina dituding hianat kana perjoangan.

Saterasna..

Dewi Sartika

Pahlawan Pendidikan Wanita asal Sunda

Ku: Djodi Prihatna, A.Md.-MG

Loba kapeurihna jaman budak alatan sesebutan anak buangan. Tapi sanggeus nempo kagiatanana nu hayang ngamajukeun kaom wanita bangsana, pamarentah Hindia Walanda ngadukung cita-citana. Naon sababna kiwari jenenganana teu pati kadenge gaurna di kalangan murid-murid. Padahal jasana sarua jeung Kartini, Cut Nya Dien, Christina Martha Tyahohu, jrrd.

Saterasna..

Panjalu

Ku: Djodi Prihatna SA

Panjalu ngaran hiji desa di kacamatan Panjalu, kabupaten Ciamis, provinsi Jawa Barat. Desa Panjalu sakaligus jadi ibukota kecamatan Panjalu. Prasarana jalan ka eta tempat memang hade. Boh nu asalna ti kulon atawa wetan. Ti kulon, utamana ti Bandung ngajugjug Panjalu ngaliwatan desa Ciawi, Panumbangan. Jauhna aya kana 100 km. lamun ti wetan nyaeta ti Cirebon atawa Kuningan ngajgjug Panjalu ngaliwatan Panawangan jeung Kawali jauhna kurang leuwih 30 km.
Luyu jeung lingkungan alam padesan nu ngabogaan kasangtukang sajarah jeung budaya anu cukup... Saterasna..

Seni & Kaulinan

Puisi

Kumpulan Puisi Karya Dyah Astri Citraresmi Saterasna..
05/04/2013

Balagonjakan

Permen Karet

Jang Abas salahsaurang executive ngora, anu kabeneran boga kasempetan nganteur tamu, urang Jepang anu sikepna sombong pisan jeung si jepang eta teh teu weleh ngagulkeun kaungulan nagrina wae...jeung ngabanding-bandingkeun jeung nagri urang. Sabot maranehna dahar beurang di restoran seafood, Si Jepang iseng nanya ka Jang Abas:
Jepang : "Ari di Indonesia runtah seafood nu kieu dikamanakeun?"
Abas : "Dipiceun atuh!"
Jepang : "Ah payah, di nagara kuring mah teu dipiceun eta teh, tapi dijieun snack terus dijual ka Indonesia!" Ceuk si Jepang bari Sombong
Abas : "Naoooon?!" Abas satengah nyentak, bari kabesekan, jang Abas nanya bari semu ngadilak ka si Jepang nu keur imut sinis bari ngaledek...

Saterasna..
05/04/2013

Lalayang