image

SundaMaya.org

Badan Musyawarah Masyarakat Sunda Propinsi Jawa Barat

05/04/2013

Fungsi Masjid

Tugas atawa fungsi utama masjid nu kahiji nurutkeun hartos kecap, nyaeta tempat sujud. Dina dinten kahiji hijrahna Nabi sumping ka Yatrib anjeunna ngadegkeun masjid di kampung Qubah. Saparantosna eta masjid rampung, anjeunna solat disarengan ku golongan Muhajirin sareng Anshor. “Wasjud waktarib!” Geura sujud ka Pangeran jeung ibadah. (Q.S. Al Alak: 19). Masjid teh tempat solat fardu jeung sunat, boh sacara munfarid atawa berjamaah.

Sakali dina unggal 7 dinten masjid dianggo pikeun solat Jumaah. Upami aya halangan (hujan, jste) dina hari raya Islam (solat Idulfitri boh Iedul Adha) masjid oge dianggo pikeun solat. Margi upami teu aya wagelan mah biasana solat Ied diayakeunana di lapang anu lega, teu tebih ti masjid.

Dina unggal wengi sasih Siam urang ngalakukeun solat taraweh. Masjid oge mangrupa tempat husus pikeun ngadu’a, itikaf (itikaf = tumetep di jero masjid sakedap atanapi lami kalawan niat ibadah). Masjid tempat muslimin kumpul. Solat lima waktu sadinten sawengi ngajadikeun masjid tempat kumpulna muslimin. Kitu deui solat Jumaah.

Nabi sering nampi wahyu di jaman kurun Madinah sarta nerangkeun hukum-hukum Islam di lebet masjid. Masjid oge jadi tempat pikeun ngumumkeun sawatara hal penting anu aya hubunganana sareng kahirupan masarakat muslim. Suka duka sareng kajadian nu langsung patali sareng kesatuan sosial di sabudeureun masjid diumumkeun di dinya keneh.

Sajabi ti tugas pendidikan sareng penerangan, masjid oge jadi tempat diajar pikeun umat nu palay ngulik addin. Rohangan suffa (ngagaduhan hateup tapi bilikna muka) fungsina nya eta asrama nu diadegkeun di kalereun masjid pikeun pamatuhan jalmi anu hayang diajar leuwih taliti ngeunaan agama.

Waktos Nabi jumeneng keneh sagala elmu pangaweruh ngeunaan addin, kalebet masalah hukum, tiasa ditaroskeun atanapi disuhunkeun jalan kaluarna ka Rosul ku anjeun. Harita teu acan dipibutuh kapustakaan Islam. Dina waktos perkembangan Islam harita, fondamen addin masih tacan lengkep diturunkeun. Jadi anjeunna teu acan tiasa nyusun kapustakaan ngeunaan dasar-dasar jeung prinsip-prinsip Islam. Namung dina hakekatna Islam tos gaduh kapustakaan mangrupi wahyu, ku turunna surah Al Alaq : “Baca ! Kalawan asma Alloh, ku maneh, anu nyiptakeun sakumna. Anjeunna geus nyiptakeun manusa tina sagebleg getih. Baca ! sarta Pangeran maraneh anu sifatna Maha Murah, anu ngajarkeun ku tulisan. Ngajarkeun ka manusa naon-naon anu tacan kanyahoan”.

Ayat di luhur ngandung dasar tempat nincakna kapustakaan, nya eta maca jeung nulis. Margi tanpa nulis sareng maca, buku tinangtos teu aya. Jalmi buta huruf teu ngagaduhan kapustakaan. Jadina sareng ngarekahanana elmu nya dadasarna teh kapustakaan.

Fungsi Masjid

Maca sareng nulis sabage unsur-unsur anu dikandung ku azas Islam ngalahirkeun kapustakaan sabada Nabi pupus. Buku nu munggaran sareng utama kangge landasan sadaya buku ngeunaan Islam nya eta Al Qur’an. Buku nu kadua nya eta Hadis. Buku-buku nu sanesna mah ngan mibanda fungsi pikeun nerangkeun, ngajentrekeun, ngabahas, mere tafsiran, mere ajen, ngamekarkeun tina Qur’an jeung Hadis. Sabada Nabi pupus masalah kahirupan henteu liren, masalah unggal waktu sok aya bae, Qur’an jeung Hadis henteu ngawengku sadaya pasualan. Nya para ahli agama Islam nu disebat kaom ulama, ngajawabna teh ku jalan “ijtihad”. Hasil ijtihad sareng buku-buku ngeunaan addin, sacara teu langsung ngawujudkeun kapustakaan nu predikatna Islam.

Kapustakaan Islam mangrupa sumber pikeun pendidikan, pangajaran jeung penerangan. Ku margi pendidikan, pangajaran sareng penerangan teh tempatna di lebet masjid, nya di dinya disusunna kapustakaan. Salasahiji rohangan tiasa disayagikeun kangge kamar perpustakaan. Pikeun sing saha bae nu palay ngalegaan kauningana, nu palay ngajeroan atanapi halabhab kana elmu pangaweruh kaislaman, masjid ngajawab ku rohangan perpustakaan.

Boh nu ngajar atanapi anu diajar di masjid entong kaganggu ku lantaran kudu neangan nafkah sapopoena. Nu ngajarkeun addin henteu kagungan tujuan pikeun kenging bayaran, nu diajar oge teu ngarencanakeun pikeun meunang kauntungan material tina pangaweruhna. Supados nu ngajar sareng diajar tiasa konsentrasi dina pancen sewang-sewangan, tanpa gangguan kahirupan, masjid ngagaduhan barang-barang wakaf, anu hasilna diantarana digunakeun keur guru anu maparin sareng murid anu narima pendidikan (kiai sareng santri). Sabagian tina wakaf nu dibayarkeun di masjid ngarupakeun oge sumber kauangan pikeun ngongkosan pangajaran sareng pendidikan. Pamakean zakat pikeun ieu hal, lebet kana kualifikasi jalan Alloh fi sabilillah. Di masjid ditempatkeun baitul maal, kas nagara atawa kas masarakat Muslim nu ngongkosan sagala rupa nu nyangkut kasejahteraan sosial muslim.

Nabi ngarengsekeun perkara-perkara jeung papaduan di jero masjid. (Hadis Buchori 8 : 44; 93: 16). Ku ngajadikeun masjid tempat nyidangkeun soal-soal hukum sareng peradilan, Nabi maparin tugas ka masjid sabage tempat ngarengsekeun pasualan-pasualan masarakat sareng nagara.

Di jaman khalifah Umar r.a. dua dewan anu dibentuk sarta tugasna maparin nasehat, jadi sabangsa Dewan Pertimbangan Agung, ngalakukeun sidang-sidang di masjid. Khalifah Abubakar r.a. ngarengsekeun administrasi pamarentahan di masjid. Dugi ka panampian delegasi nagara sanes, boh Islam atanapi non muslim dilakukeunana dina jaman kurun Nabi sareng sahabat-sahabatna di masjid. Dina raraga ieu Nabi kungsi nampi urang Habsy, ngalakukeun pawai senjata (tombak sareng tameng) di lebet masjid (Buchori 8:69).

Perang sabage alat atanapi lanjutan diplomasi oge aya patalina sareng masjid. Di jaman Nabi sareng sahabat-sahabat, strategi sareng taktik perang direncanakeunana di masjid, dugi ka masjid teh minangkana jadi markas besar tentara. Prajurit-prajurit anu raheut aya nu direrebkeun di pakarangan masjid. Contona kajadian ngeunaan Saad ibnu Mu’ad. Hiji tatarub dipasang di pakarangan masjid waktu Saad raheut parna dina perang parif (Buchori 8:77). Maotna oge manehna teh di pakarangan eta keneh.

Panghulu atawa kadi mingpin upacara pernikahan di masjid. Di sagigireun eta, masjid mangrupa tempat pangadilan pikeun pacogregan rumah tangga atanapi mahkamah perceraian.

Upami muslim maot samemeh dicandak ka makam, langkung ti payun layonna dicandak ka masjid kanggo disolatkeun. Contona: waktos janazah Suhail bin Abaida nu disolatkeun ku Nabi di masjid.

Sabage tempat sosial masjid oge fungsina saperti hotel pikeun musafir nu eukeur nyanyabaan. Waktu hiji budak wanita dibebaskeun, manehna teu gaduheun tempat matuh padumukan, Nabi masangkeun kemah di buruan masjid pikeun eta budak.

Seueur fungsi masjid anu dicontokeun ku Nabi. Hassan ibnu Tsabit misilna dina mertahankeun Nabi tina ejekan sareng pamoyokan lawanna, biasa ngadeklamasikeun sajak-sajakna di jero masjid.

Fungsi Masjid

Di jero masjid urang ngaderes Al Quran dipirig ku ayunan lagu anu halimpu. Qasidahan dihariringkeun di masjid. Dina sagala hal, fikiran muslim diarahkeun kana masjid sareng sabudeureunana. Unggal lengkah nuju ka masjid diajen ku darajat kahadean (Muslim: 412). Masjid diadegkeun babarengan, pikeun kapentingan babarengan. Sanaos diadegkeunana sacara individu namung eta masjid teh tetep mibanda tujuan kolektif. “Sing saha ngadegkeun masjid karena Alloh, keur manehna bakal dipangnyieunkeun imah di sawarga ku Alloh ” (Muslim: 324).

Masjid pikeun tujuan individu ngadegkeunana, sipatna sanes karena Alloh. Efek perbuatan takwa kedah kanggo masarakat, sipatna kolektif. Masjid mangrupa pangkal tolak tina unggal kahirupan, nu nyangkut kasajahteraan babarengan. Masjid oge ngarupikeun tungtung segi kahirupan. Ka’ab bin Malik ngawartoskeun: “Yen Rosululloh biasana sumping ti perjalananana tengah dinten kinten tabuh dua. Upami sumping anjeunna ngawitan nyumpingan masjid sareng solat 2 rokaat. Saparantosna, anjeunna teras reureuh di lebet masjid”. (Muslim: 455).

Saparantos ngalaksanakeun padamelan penting nu nyangkut masarakat muslim, urang kedah angkat ka masjid, pikeun nganyatakeun yen eta padamelan teh alatan takwa. Waktos Zabir bin Abdullah mulih ti hiji peperangan, anjeunna angkat ka masjid nepangan Rosululloh. Nabi mariksa: “Anjeun kakara datang?” Jawabna: “Sumuhun!” Saur Nabi deui: “Antep heula onta anjeun. Sok lebet ka masjid, solat 2 rokaat”. Teras Zabir lebet sarta solat, saparantos kitu nembe mulih ka bumina. (Muslim: 454).

Masjid teh nya eta tempat diajar, dibentuk, dijadikeun sareng dimekarkeunana dunya fikir sareng dunya rasa Islam. Samemeh lebet kana kahirupan sadidinten, muslim sok mios heula ka masjid, nyuhunkeun rahmat Alloh. Ti masjid muslim nuju kana kahirupan kalawan dibarengan panuhun ganjaran Pangeran. Ibnu Usaid ngawartoskeun: yen Rosululloh nyaurkeun: upami salah sawios ti kalangan urang lebet ka masjid, kedahna manahna ngucapkeun “Ya Alloh! Bukakeun kanggo sim abdi panto rahmat Anjeun”, sareng upami manehna kaluar kedah ngucapkeun “Ya Alloh! Abdi neda ka Anjeun ganjaran”. (Muslim: 449).

Dina unggal kesatuan sosial umumna dipayunan masalah wates antawis hak sareng kawajiban pikeun pria sareng wanita. Di masarakat nu tacan berkembang, umumna hak sareng kawajiban lalaki salawasna kacida beuratna. Di masarakat modern aya gerakan emansipasi, nu usaha sangkan ayana persamaan hak antara lalaki jeung wanita.

Kumaha ari di masarakat Islam? Ieu teh lebet oge kana fungsi masjid, maparin tinimbangan antara hak sareng kawajiban lalaki sareng wanita teh. Naha kaom wanita kenging hadir, didamel atanapi ngalakukeun kagiatan-kagiatan d lembaga kemasarakatan, ekonomi, politik, elmu sareng teknik, kasenian, jrrd? Waleranana tiasa disimpulkeun tina fungsi masjid pikeun kaom wanita. Naha kaom wanita ngaduhan hak hadir atanapi ngalakukeu kagiatan dina lembaga addin Islam. Upami kenging, ngandung harti oge yen maranehna oge kenging hadir sareng ngalakukeun kagiatan dina lembaga sejen dina widang kahirupan husus.

Hadis-hadis Buchori sareng Muslim ngawaler patarosan di luhur, nu netelakeun kengingna. Mangga geura titenan faktana.

  1. Dina hiji wengi Nabi elat sumping pikeun mingpin solat wengi. Waktos jalmi-jalmi parantos karumpul di lebet masjid, anjeunna nembe sumping. Harita Umar r.a. nyaurkeun: Wanita sareng murangkalih kedah calik di lebet. Hal ieu nuduhkeun kahadiran wanita dugi ka wengi di masjid.
  2. Aisyah ngawartoskeun yen kaom wanita biasa hadir dina solat Subuh di masjid. Ngalakukeunana enjing-enjing pisan (rebun-rebun) dugi ka maranehna tiasa warangsul waktu masih poek (Buchari: 8:13)
  3. Istri-istri nu nyusuan keneh biasa darongkap ka masjid, Rosululloh biasa mondokeun solatna upami anjeunna ngadangu orok ceurik, supaya ulah nyesahkeun indungna. (Buchori: 10:65)
  4. Nabi biasana calik sakedap saparantos sambeang sareng nembe ngadeg, upami para wanita parantos ninggalkeun masjid (Buchori 10: 152)
  5. Nabi kantos ngadawuh “Ulah dilarang abdi-abdi wanita Allah indit ka masjid Allah” (Buchori 11 : 12). “Lamun pamajikan maneh menta idin indit ka masjid, ulah dilarang (Buchori 10: 166). Abdullah bin Umar sasauran: “Simkuring nguping sabda Raosulullah SAW ngadawuh: Maneh ulah ngalarang wanita berjamaah ka masjid, lamun maranehna menta idin heula”. (Muslim: 270).
  6. Di jero masjid kaum wanita henteu dipisahkeun ti kaom pria ku raam atawa pipinding, ngan maranehna ngabaris di pengkereun lalaki (Buchori 13:15). Abu Hurairah ngawartoskeun yen Nabi sasauran : ”Panghadena syaf lalaki nya eta nu panghareupna, jeung panggorengna nya eta nu pangtukangna; sabalikna panghadena syaf wanita nya eta pangtukangna jeung nu panggorengna nya eta nu panghareupna” (Muslim: 268).

 

Ibnu Umar ngawartoskeun, yen Rosul sasauran dina peperangan Chaibar “Sing saha nu ngadahar ieu pepelakan (nu dimaksud bawang bodas), ulah datang ka masjid”. (Muslim 342). Namung sawangsulna nu nganggo seuseungitan nu ngagaduh tujuan pikeun nimbulkeun hal-hal nu sipatna negatif, saperti umumna dilakukeun ku wanita, oge dilarang. Zainab istri Abdullah nyarioskeun yen Rosul sasauran : ”Lamun wanita rek ka masjid ulah make seuseungitan”. (Muslim : 271).

Pangsae-saena masjid diadegkeun sacara gotong-royong sareng sambat sinambat. Gotong royong teh nya eta sistem didamel masarakat anu sabilulungan, nu nyangkut kapentingan umum, sarta sipatna sosialistis. Masjid anu diwujudkeun ku jalan kitu bakal leres-leres dirasakeun ku masarakat sabage milik maranehna, pikeun maranehna, sareng tanggung jawabna sacara babarengan. Ieu teh mangrupa tali pameungkeut unggal muslim nu datang ka masjid.

Masjid tiasa diadegkeun sacara pribadi, ku harta kakayaan saurang. Namung eta pendirian teh kudu mangrupi amalan, takwa. “Saenyana masjid nu didasaran ku takwa dina poe munggaran ngadegna, pantes maneh kudu ngadegkeun solat di jerona”. Ku lantaran eta masjid nu geus diadegkeun ku perseorangan teh teu meunang bersifat indvidualistis. Ku nu ngadegkeun kudu dipasrahkeun ka masarakat nepi ka eta masjid teh sipatna gotong royong (kolektivis).

Masjid nu diadegkeun samata-mata dumasar sekuler, misilna pikeun tujuan politik, papalingpang sareng maksud pengertian masjid. Gusti Allah maparin paringetan tina ieu hal dina Al Qur’an surah At Taubah ayat 107: “Jalma-jalma nu ngadegkeun masjid, ku lantaran rek nimbulkeun bahaya, ku lantaran kakafiran, ku sabab rek mecah belah antara jalma nu iman, jeung ku sabab rek ngahiap jalma nu ti baheulana geus merangan Allah jeung Rosulna, anu saenyana maranehna geus sumpah: Kuring ngan mikahayang kahadean, sarta Pangeran jadi saksi yen maranehna teh saenyana tukang bohong!”

Fungsi Masjid

Sajaba ti ngadegkeun masjid nu didadasaran takwa teh, ngadatanganana oge kudu lantaran takwa. Upami henteu karana takwa, urang teu meunang datang ka masjid. Anu datang pikeun tujuan politik, anu henteu museur dina takwa, tiasa disamikeun sareng golongan musyrik. Maranehna henteu gaduh hak pikeun ngaramekeun masjid.

“Jalma-jalma anu musyrik teh henteu boga hak ngaramekeun masjid-masjid Allah, padahal maranehna geus ngaku yen maranehna sorangan teu iman, garawena kapiceun percumah bae, sarta maranehna bakal tetep di naraka. Nu ngabogaan hak ngaramekeun masjid-masjid Pangeran ngan jalma-jalma nu iman ka Allah jeung poe panganggeusan, sarta ngalakukeun sambeang, mayar zakat, jeung henteu sieun ka saha bae iwal ti ka Allah, jeung mudah-mudahan maranehna kaasup jalma-jalma nu nurut kana bebeneran (QS At Taubah: 17, 18).

Saparantos masjid diadegkeun teras diramekeun. Nu dimaksud ku ngaramekeun nya eta ngadatanganana, ibadah di jerona, ngawujudkeun tugas-tugas masjid, ngaalusan, ngajaga, miara, ngarawat, ngamajukeun jeung ngarekahkeunana. Demi cara jeung bentuk ngaramekeun teh bakal kanyahoan, naha eta masjid teh ngawujudkeun makna/pengertian jeung fungsi-fungsina atawa henteu.

Poko-poko nu didadarkeun tadi nya eta tugas atawa katangtuan anu ditanjeurkeun ku Nabi ka masjid dina mekarna addin. Namung kumaha saterasna eta tugas-tugas teh dina kamekaran Islam saparantos Nabi pupus? Kumaha kadudukan masjid dina kamekaran antropologi Islam, dina parobahan struktur masarakat muslim, dina kamajuan jeung kamekaran kabudayaan Islam?

Dina perkembanganana Islam teh ibarat orok. Dina kamekaranana manehna jadi dewasa. Naon-naon anu cocog waktu orok, jadi sereg waktu ngagedean, henteu cocog deui. Komo deui upami parantos dewasa. Nya kitu deui tugas-tugas masjid. Kumaha fungsi sareng kadudukan masjid dina kamekaran Islam? Ku margi ieu soal henteu diwaler dina Quran sareng Hadis, nya ieu patarosan teh ditujukeun kana ijtihad. (Djodi Prihatna).*****

Disalin tina: Catetan poean “Fungsi Masjid”. R. Soerjo Argawisastra

  • http://www.indonesian-consulate.hk/
  • http://www.eljohn.net/
  • http://www.smpn1pamulang.sch.id/
  • http://lc.rkwc.hct.ac.ae/
  • http://www.serambinews.com/
  • http://farm1.static.flickr.com/

 

Karajaan Sunda

Sanggeus Tarusbawa diistrenan jadi raja Tarumanagara, ngaganti mertua (Maharaja Linggawarma) dina taun 669 M. Taun 670 Tarusbawa ngaganti ngaran karajaan jadi karajaan SUNDA, puseurdayeuhna di Purasabha Sundapura, wewengkon Bekasi ayeuna, dipindahkeun rada ka jero (pedalaman), ka wewengkons Batutulis-Bogor ayeuna. Akibat ngaran karajaan diganti, dijieun kasempetan ku Wretikandayun (ngadegkeun karajaan Galuh taun 612 M), pikeun misahkeun diri tina kakawasaan Tarumanagara.

Saterasna..

Bandros Mang Deri

Mun pareng ka Kantor Pos Bandung, beulah kulon aya hiji nudagang Bandros nu geus aya taunna di eta tempat. Malah Bandrosna teh kajojo lain wae dibeulian ku tukang parkir, tukang Koran wae tapi rea anu turun tina mobil ngahaja meuli Bandros mang Deri. Mun ditanya salah saurang ibu anu katempona jelema “aya” ngajawabna ; Banros mang Deri mah asli tara dicampuran ku tipung tarigu. Cenah.

Saterasna..

Pagelaran Wayang Golek Ku Basa Inggris

Pangalaman Kang Iwan nyebarkeun budaya Sunda di Australia.

Ku : DR. H.Iwan Natapradja.

Dina bulan ka genep, mahasiswa nu diajar Karawitan teh geus kacida tapisna dina nabeuh gamelan teh . Atuh dina palebah pangaweruhna oge sarua majuna, boh dina  bagbagan elmuning dasar karawitan, boh Sunda, Jawa atawa Bali.

Saterasna..

Al Qur'an Mu'jizat Nu Langgeng Ka Nabi Muhammad SAW

Ku: Hj. Imas Kurniasih, M.Ag-MG

Allah SWT ngutus pirang-pirang nabi biasana dibarengan ku mu’jizat, nya eta kaahengan-kaahengan nu luar biasa nu teu beunang ditiru ku nu lian. Maksudna pikeun nguatan kanabianana, sangkan ummatna ulah deuk mangmang saeutik ge enggoning nuturkeun ajaranana. Sacara harfiah kecap “mu’jizat” nya eta hiji kaahengan nu dipaparin ku Allah SWT ka salasaurang nabi, anu bisa ngapeskeun musuh, sarta hamo aya nu bisa nurutan, nyaruaan atawa ngalawanan.

Saterasna..

Kapamingpinan Di Masyarakat Sunda Dumasar Naskah

Ku Ayatrohaedi *)
Fakultas ilmu Pengetahua Budaya UI

Pamuka

Tingkahlaku para pamingpin di jaman modern ayeuna teu wudu matak ngabingungkeun rayat. Aya gegeden nu dina unggal kasempetan ngarobah pernyataan nu diomongkeun samemehna. Aya nu mindeng nyebut poho ngeunaan perkara nu sakira nyedekkeun manehna. Aya deui gegeden nu silihtuding, silhihsalahkeun, atawa silihkilungan,gumantung kanyataan situasi. Sagigireun eta aya para pamingpin nu salawasna ngarasa bener jeung nganggap anakbuahna nu kurang faham kana nasehat atawa parentah. Horeng kabehnanana ngan boga... Saterasna..

Doddy Achdiat Tisna Amidjaja. Pendidik, Pejoang, Diplomat

Ku: Djodi Prihatna, A.Md.-MG

Guru besar Biologi ti Fak. MIPA –ITB anu kungsi jadi wawakil RI di Perancis sabage Duta Besar Luarbiasa Berkuasa Penuh geus miheulaan urang, pupus 5 Mei 1993 di Nordheim West Phalen, Jerman. Anjeunna kamashur sacara nasional, regional jeung internasional, jeung tetep bakal dipikainget sabage pendidik, elmuwan, intelektual muslim, pajuang jeung diplomat.
Pikeun warga Institut Teknologi Bandung, Profesor Doktor Doddy Achdiat Tisna Amidjaja, nu nenehna Pak Doddy, jadi batur gawe nu pangdipikaresep, guru jeung guru ti guru para mahasiswa nu... Saterasna..

Pamijahan - Cipatujah

Antara guha nu kebek ku haseup jeung basisir sepi

Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG

Pamijahan kaasup cagar budaya anu sakuduna dipulasara ku pamarentah. Tapi anu mulasara teh ngan kulawarga jeung katurunan Syeh Abdul Muhyi katut rahayat di dinya. Henteu katangen ayana patugas boh ti Disbudpar atawa wilayah dinya. Kitu deui di Cipatujah. Tempatna sepi, lain basisir anu rame kawas Pangandaran. Sepi hasil bumi, taya supenir nu bisa dibeuli. Anu aya ngan pamandangan sepi ka tungtung alak paul.

Saterasna..

Seni & Kaulinan

Sajak - Sajak Djalaludin Rumi (672 H-1273 H)

HURUNGNA CINTA

“Dengekeun suling nu ngageuri,
Salawasna ngagelik, saprak didudut
Tina kebon nu pinuh jukut, hiji aleuan
Nyeri jeung cinta nu hurung
Lagu kuring, beuki eces,
Taya saurang nu ngadenge.

Emh, bagja temen mun sobat ngarti isyarat
Tur ngadumaniskeun jiwana jeung jiwa kuring
Tah ieu hurungna cinta nu ngaduruk,
Ieu anggur cinta nu nimbulkeun gairah
Naha daek anjeun ngadengekeun kumaha raheutna hate,
Dengekeun, dengekeun, sora ieu suling.

Saterasna..
05/04/2013

Balagonjakan

Kuda Pacuan

Hiji mangsa pasosore Udin keur nyantey dina teras imah bari maca koran,ngadadak di gareuwahkeun ku pamajikanana ngagebug make panggebug kasur."geboooottt!...gebooottt!" dua kali kana tonggongna. Ngarasa teu hujang teu angin jol di gebug manehna malik bari ngambek.
"Eh, kunaon atuh ieu teh teu pupuguh jol ngagebug, ,kitu peta kasalaki teh?!"
"Ah Dasar Lalaki purunyus!!, lalaki Cunihin!!, Lalaki teu Uyahan!!" Ceuk pamajikanana bari tutunjuk .
"E....e...eh, ke heula aya naon ieu teh nyai?! Ceuk udin panasaran
"Saha Ari SUSI teh shaaaaaaaaaaaa?,anu ditulis dina kertas nu aya dina saku kameja bodas teh ,tah saha??" Ceuk pamajikanana bari kekerot..

Saterasna..
05/04/2013

Lalayang